Page 128 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 128

Kampung Urug



                  Urug téh mun taneuh anu ayana di béh luhur ngolosod, nutupan anu
            aya handapeunana. Duka tah, kumaha mimitina éta lembur dingaranan
            Kampung Urug. Naha pédah kungsi kajadian aya taneuh ngolosod, atawa
            mémang taneuhna teu padet jadi babari urug. Ngan nu sidik, ieu lembur
            nu  perenahna  di  Desa  Kiarapandak,  Kacamatan  Sukajaya,  Kabupatén
            Bogor  téh  kaasup  kampung  adat.  Masarakatna  masih  mageuhan  tali
            paranti adat kabiasaan urang Sunda pituin.
                  Mun ditilik tina wangunan imahna, sabenerna teu sakabéh imah nu
            aya  di  lembur  Urug  masih  modél  baheula.  Geus  aya  sababaraha  imah
            anu  diwangun  permanén  jeung  semipermanén.  Maksudna,  sisina  geus
            ditémbok,  hateupna  geus  maké  kenténg  atawa  asbés.  Mun  anu  semi
            permanén mah ka hadapna wungkul ditémbokna, sapotong ka luhurna
            disambung ku bilik atawa triplék. Tégelna ogé, boh nu permanén boh nu
            semipermanén, geus maké ubin atawa keramik.

                  Tapi  lolobana  mah  masih  kénéh  wangunan  tradisional.  Imah
            panggung aya kolongan, sisina ku bilik jeung hateupna ku daun eurih.
            Tapi kétah loba ogé anu hateupna maké daun kiray. Ari lanténa, maké
            awi anu dibeulahan, tuluy dijajarkeun rékép pisan. Jandélana maké jalosi,
            atawa sarigsig anu dijieunna tina awi atawa kai. Hareupeun panto aya
            golodog, paranti unggah ka imah.
                  Ari jerona mah umum waé jeung imah Sunda séjénna, aya bagian
            hareup keur narima sémah, bagian tengah keur ngariung pangeusi imah,
            jeung bagian tukang anu mangrupa dapur. Di dapur aya bagian husus
            anu disebut goah, paranti neundeun béas.
                  Lian  ti  wangunan  imah  pangeusi  lembur,  ogé  aya  wangunan  anu
            jadi puseur kagiatan urang lembur nyaéta gedong gedé, gedong luhur,
            jeung gedong alit.
                  Tah  di  Kampung  Urug  ogé  aya  upacara  sérén  taun.  Sarua  deuih
            jeung  di  kampung  Ciptagelar,  diayakeunana  saréngséna  panén.  Ngan
            di  kampung  Urug  mah  tanggalna  geus  dipastikeun  unggal  tanggal  10
            Muharam. Aya dua upacara anu dilaksanakeun dina bulan Muharam téh,
            sérén taun jeung salametan Ngabuli (upacara tutup taun) anu diayakeunna
            di gedong Sanghyang Tunggal.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   117
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   123   124   125   126   127   128   129   130   131   132   133