Page 159 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 159

C.    Niténan Carita Pondok




                                             Runtah
                                       Kénging Rahmaida


               Geus sababaraha poé di imah téh huluwar-hiliwir waé bau bangké.
          Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon.
          Kurah-koréh  di  buruan  nu  héjo  ku  kekembangan  bisi  aya  oray  atawa
          bangkong paéh, angger euweuh.

               “Naha naon nya Mah, nu matak bau téh?” ceuk kuring ka Mamah
          nu keur anteng kaprak-keprek di dapur.

               “Duka  atuh,  Mamah  gé  héran,”  waler  Mamah.  “Ngan  ku  Mamah
          diperhatikeun, nu bau téh jolna ti garasi,” saur Mamah deui.
               “Ti garasi Mah?” kuring héran.
               “Enya, jung geura pariksa ku Tatan,” waler Mamah.

               Koréléng ka garasi. Ulak-ilik ka ditu ka dieu.  Irung diungsa-angseu
          bisi enya anu nimbulkeun bau téh jolna ti garasi.

               “Ah  teu  bau  nanaon  geuning,”  haté  ngagerentes  sanggeus  teu
          manggihan nanaon anu matak nyurigakeun.
               Basa rék ngoloyong ka jero imah, di luar pager témbong aya mobil
          eureun. Bapa nembé mulih ti kantor. Gura-giru kuring mukakeun pager.
          Geleser mobil asup ka garasi.

               Sabot  kitu,  pelenghir  bau  bangké  téh  kaangseu  deui.  Nepi  ka  asa
          murel rék utah. Kapaksa kuring nungkupan irung.

               “Ku naon Tan, nungkupan irung?” Bapa naros.
               “Bau, Pa,” walon kuring ngirung.

               “Eh, éh...enya, enya geuning di dieu nu bau téh,” saur Bapa deui
          bari nungkupan pangambungna. Koloyong ka jero imah. Kuring ngiclik
          nuturkeun tukangeunana.
               Leng kuring mikir. Kari-kari bapa datang, bau bangké téh mani jelas
          kaangseu.  Sanajan  ceuk  Mamah  tadi  nu  bau  téh  di  garasi,  tapi  can  jol
          Bapa mah da teu bau-bau teuing.


            148                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   154   155   156   157   158   159   160   161   162   163   164