Page 165 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 165

2)   Trilingga (disebutna tilu kali) bari robah sorana. Contona: dar-
                     dér-dor, brag-brig-brug, brang-bréng-brong, jsb.
          b.    Kecap  rajékan  sabagian  nyaéta  ku  cara  nyebut  dua  kali  sabagian
               wangun  dasarna,  boh  robah  sorana  boh  henteu.  Kecap  rajékan
               sabagian aya dua rupa, nyaéta:
               1)   Dwipurwa nyaéta kecap rajékan ku cara nyebut dua kaliengang
                     mimiti  wangun  dasarna.  Contona:  tajong    jadi  tatajong,  sépak
                     jadi sésépak, gejlig jadi gegejlig,  jsb.
               2)   Dwimadya nyaéta kecap rajékan ku cara nyebut dua kali engang
                     tengah wangun dasarna. Contona:  sabaraha jadi sababaraha.
          c.    Kecap  rajékan  binarung  ngararangkénan  nyaéta  anu  disebut  dua
               kali atawa leuwih, boh robah sorana boh henteu, bari ditambahan
               ku rarangkén (imbuhan).
               Contona:
               - awut + R (dwimurni) + rarangkén hareup di-  jadi diawut-awut
               - balik + R (dwiréka)  + rarangkén hareup di- jadi dibulak-balik
               - peuting +R  (dwipurwa) + rarangkén hareup sa- jadi sapeupeuting
               - baca + R (dwipurwa) + rarangkén tukang –an,  jadi babacaan


                                             Latihan
          1.    a. hareup + R (dwimurni) + rarangkén hareup pa-   =  _______
                 b. bisa + R (dwimurni) + rarangkén hareup sa-  = ________
                c. alus + R (dwimurni) + rarangkén hareup sa- jeung rarngkén
                       tukang –na = ____________
                 d. tawar + R (dwipurwa) + rarangkén hareup di- jeung rarangkén
                       tukang –keun,  = ____________
                 e. bodo + R (dwipurwa) + rarangkén hareup sa- + tukang -na
                  =  ____________
                 f. peuting + R (dwipurwa) + rarangkén hareup sa-  = _________
                 g. murah +R(dwiréka) + rarangkén hareup di-     = ___________
                 h. tilep + R (dwiréka ) + rarangkén hareup ka-    = ___________
          2. Jieun dua kalimah anu maké kecap rajékan dwimurni!
          3. Jieun dua kalimah anu maké kecap rajékan dwiréka!
          4. Jieun dua kalimah anu maké kecap rajékan trilingga!
          5. Jieun dua kalimah anu maké kecap rajékan dwipurwa!
          6. Jieun dua kalimah anu maké kecap rajékan dwimadya!


            154                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   160   161   162   163   164   165   166   167   168   169   170