Page 35 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 35

7.     Kumaha pangbagéa sakola kana éta kagiatan?
                     Jawabanana: Hadé pisan, buktina sakabéh SMP anu aya di Kota
                     Cimahi ngirimkeun wawakilna.
               8.    Naon waé hadiahna?
                        Jawabanana: piala, piagem, jeung béasiswa.



          C.    Nyarungsum Eusi Warta

               Ieu di handap aya conto warta tina majalah, pék baca sing gemet!


                                FFB Ngeureuyeuh Ngajén Pilem



               Unggal taun teu kungsi copong. Najan teu loba disorot ku média
          televisi, tapi Forum Film Bandung (FFB)  ngeureuyeuh ngajén pilem-pilem
          anu diputer di bioskop-bioskop di kota Bandung, boh pilem nasional boh
          pilem impor. Kitu deui sinétron anu diputer dina televisi nasional.
               Béda jeung taun-taun saméméhna, pamasrahan pangajén kana pilem
          jeung sinétron taun 2013 mah ti saméméhna kénéh geus ramé dibéwarakeun,
          boh ngaliwatan média koran boh televisi. Kawuwuh acarana gawé bareng

          jeung televisi swasta badag; SCTV. Acarana bakal disiarkeun langsung ti
          Lapang  Gasibu  Bandung  ,  poé  Saptu  tanggal  15  Juni  2013.  Pilem  jeung
          sinétron anu diajénna, anu diputer salila taun 2012.
                 Nurutkeun pupuhu FFB, H. Eddy D. Iskandar, pilem anu diajén

          salila taun 2012 téh  aya 92 judul pilem nasional jeung 140 judul pilem
          impor. Sedeng sinétron anu diajén téh aya 335 judul. Tah tina jumlah anu
          sakitu lobana téh, anu ditetepkeun jadi nominasi ngan  13 judul  pilem
          nasional jeung 12  judul pilem impor.
               Tina jumlah nominasi anu sakitu téh bakal dipilih pilem anu pinuji.
          Saur  H. Eddy D. Iskandar, ngahaja cenah maké kecap pinuji lain kecap

          pangalusna, lantaran  anu dipilihna pilem atawa sinétron anu meunang
          pamuji atawa anu pantes dipuji. Tangtu baé ieu pangajén  téh meunang
          pangbagéa  jeung  pangrojong  anu  kacida  hadéna  ti  parainsan  pilem
          Indonesia.
                                        (Dicutat jeung diropéa tina Majalah Mangle no: 2440)


            24                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   30   31   32   33   34   35   36   37   38   39   40