Page 39 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 39

Wartawan  :  Uluh-uluh, ageung ogé nya hadiahna. Kumaha tah pera-
                              saan sadérék janten pinunjul di tingkat propinsi téh?
               Andika       :  Tangtosna ogé bingah pisan. Sesah ngagambarkeunana.
                              Kénging  capé  latihan  téh  aya  hasilna.  Kantenan
                              punbiang mah dugi ka nangis, panginten ku teu kinten
                              ngaraos bingahna.
               Wartawan  :  Muhun, tangtos. Kanggo naon tah hadiahna?
               Andika       :  Samentawis  mah  badé  ditabungkeun  waé,  kanggo
                              bekel neraskeun sakola ka SMA.
               Wartawan  :  Muhun, saé pisan. Rupina parantos cekap. Hatur nuhun
                              tos kersa ngobrol sareng sim kuring.
               Andika       :  Muhun sami-sami. Hapunten bilih waleran sim kuring
                              kirang nyugemakeun.
               Wartawan  :  Cekap.  Sakali  deui  wilujeng,  mugi-mugi  ka  payunna
                              teras ngahontal préstasi. Mangga, asalamu’alaikum...
               Andika       :  Aamiiin...mangga, waalaikum’salam.


               Sabada maca hasil wawancara di luhur, pigawé:
               a.    Sebutkeun pertanyaan nu luyu jeung rumus 5W + 1H!
               b.    Jieun jadi naskah warta muatkeuneun dina majalah!
               c.    Jieun jadi naskah warta bacakeuneun dina televisi!


          4.    Jieun warta keur majalah tuluy tulis deui dina wangun keur televisi,
               anu jejerna bisa milih salahsahiji:
               a.    Kagiatan karyawisata sakola ka Jogyakarta
               b.    Kagiatan pekan kréativitas siswa di sakola
               c.    Kagiatan miéling poé Agustusan
               d.    Kagiatan pasanggiri ngadongéng tingkat Kabupatén
               e.    Miéling Maulud Nabi di sakola
               f.    Kagiatan kuliah duha di Masjid Agung
               g.    Konsér Band Noah di alun-alun
               h.    Kagiatan milangkala kabupatén/kota
               i.     Paméran  kréativitas  siswa  dina  miéling  Hari  Pendidikan
                     Nasional.
               j.    Kagiatan pertandingan putsal antar SMP sa kabupatén/kota.
               k.    Kagiatan Jamboré Pramuka tingkat kabupatén/kota



            28                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   34   35   36   37   38   39   40   41   42   43   44