Page 40 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 40

Pancén Mandiri


              1.    Téangan  warta  pondok  anu  geus  dimuat  dina  majalah.  Robah  warta
                   kasebut kana wangun warta bacakeuneun dina televisi!
              2.    Sabada lancar nulis warta, ayeuna urang diajar kumaha cara macana.
                   Meureun  hidep kungsi   lalajo acara warta basa Sunda di TVRI atawa
                   Bandung TV. Alusna mah bari lalajo téh bari latihan. Nu kudu dilatih
                   téh lentong, ngucapkeun kecap-kecap, jeung riuk beungeut dina waktu-
                   na maca pikeun ngarojong ngantebkeun eusi warta. Minggu hareupna
                   saurang-saurang prakték maca hareupeun kelas. Anggap waé keur si-
                   aran di televisi. Warta pikeun bacakeuneun hareupeun kelas, pilih sa-
                   lahsahiji di handap!



            Warta 1:



                           Bantuan Buku Pangrojong Pangajaran


                  Dina  taun  anggaran  2014,  pamaréndah  daérah  provinsi  Jawa
            Barat,  geus  nyadiakeun  waragad  pikeun  meuli  buku-buku  pangrojong
            pangajaran basa Sunda anu gedéna 3,5 milyar rupia. Kitu anu ditandeskeun
            ku gubernur Jawa Barat dina wawancarana jeung Majalah Sunda, Kemis
            10 Nopember 2013.

                  Buku-buku anu dibeuli ku anggaran pamaréntah téh bakal dibagikeun
            ka sakumna SMP anu aya di Jawa Barat, boh negri boh swasta, kalawan
            haratis.  Anapon  jenis  bukuna  ngawengku:  buku  kumpulan  dongéng,
            buku kumpulan sajak, buku kumpulan carita pondok, buku kumpulan
            drama, jeung novel barudak.

                  Buku anu bakal dibagikeun téh henteu sagawayah, tapi kudu diajén
            heula ku tim pangajén anu diwangun ku parasastrawan, budayawan, jeung
            akademisi. Buku anu nyumponan sarat, kakarak dibagikeun ngaliwatan
            Dinas Pendidikan kabupatén/kota masing-masing daérah.
                  Aya 800 buku anu diajén taun ieu, sarta anu nyumponan sarat pikeun
            jadi buku pangrojong pangajaran di sakola ngan 630 buku. Sésana, eusina
            jeung témana dianggap kurang loyog keur bacaeun barudak SMP.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    29
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   35   36   37   38   39   40   41   42   43   44   45