Page 37 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 37

2.    Téangan  warta  dina    majalah,  koran,  televisi,  atawa  internét.
                 Tuluy pigawé:
                 a.   Téangan jejerna!
                 b.   Jieun ringkesanana!
                 c.   Téangan rumusan wartana. Sangkan jéntré, rumusan wartana
                     ditabélkeun  jiga conto!

                  Kalimah Tanyana        Rumusan wartana        Larapna dina Warta

                                             Naon (what)
                                              Saha (who)

                                           Di mana (where)
                                             Iraha (when)

                                             Naha (why)
                                            Kumaha (how)





          3.    Di  handap  aya  conto  wawancara  antara  wartawan  jeung  Andika,
               pinunjul biantara tingkat SMP sa-Jawa Barat taun 2013, anu diayakeun
               ku Dinas Pendidikan  Provinsi Jawa Barat. Baca hasil wawancarana
               sing gemet!
               Wartawan  :  Asalamu’alaikum.  Andika  damang?  Punten  sim
                              kuring nyangkolong waktos sadérék.
               Andika       :  Waalaikum’salam.  Mangga,  teu  sawios.  Aya  anu
                              tiasa dibantos?
               Wartawan  :  Muhun.  Sateuacanna  sim  kuring  nepangkeun  heula,
                              pun Dadan, wartawan ti Majalah Sunda.
               Andika       :  Oh,  hatur  nuhun  tiasa  ditepangkeun.  Aya  perkawis
                              naon nya? Sok asa rareuwas.
               Wartawan  : Ah  teu  kedah  reuwas.  Dina  pasanggiri  biantara  taun
                              ieu, sadérék janten pinunjul kahiji tingkat Jawa Bara.
                              Leres?
               Andika       :  Sumuhun, leres pisan.
               Wartawan  :  Wilujeng,  ngiring  bingah.  Dupi  jenengan  lengkep
                              sadérék saha sareng wawakil ti mana?


            26                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   32   33   34   35   36   37   38   39   40   41   42