Page 38 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 38

Andika      :  Hatur  nuhun.  Sim  kuring  wawakil  ti  Kabupatén
                                Subang.
                  Wartawan  :  Dupi sakolana?
                  Andika      :  Di SMP negeri Subang, kelas dalapan.
                  Wartawan  :  Naha sadérék bet milih ngiringan biantara?
                  Andika      :  Margi  sim  kuring  hoyong  nguji  kamampuh  nyarios
                                payuneun balaré
                  Wartawan  :  Ti iraha sadérek sok ngiringan pasanggiri?
                  Andika      :  Saleresna  mah  nembéan  di  tingkat  provinsi  mah.
                                Mung  sateuacanna  ngiringan  pasanggiri  di  sakola,
                                teras  di  tingkat  kabupatén.  Alhmadulillah  janten
                                pinunjul kahiji, boh di sakola boh di kabupatén, numawi
                                ayeuna diutus ngawakilan ka provinsi ogé.
                  Wartawan  :  Sateuacanna, teu acan kantos ngiringan pasanggiri?
                  Andika      :  Nuju  di  SD  kantos  ngiringan.  Nuju  ngawitan  janten
                                pinunjul  di  tingkat  kacamatan,  mung  di  tingkat
                                kabupatén kawon. Kénging deui kasempetan ngiring-
                                an  pasanggiri  téh,  nya  taun  ieu  pisan.  Kaleresan  saé
                                milikna.
                  Wartawan  :  Janten  tos  pangalaman  panginten  nya  ngiringan
                                pasanggiri  biantara  téh.  Upami  badé  ngiringan
                                biantara, kumaha tah tataharna lami henteu?
                  Andika      :  Lami ogé. Anu taun ieu waé latihan téh aya kana dua
                                sasihna.
                  Wartawan  :  Saha anu ngalatihna?
                  Andika      :  Pami    nuju  persiapan  ngiringan  pasanggiri  di  sakola
                                mah latihan nyalira baé. Pas badé dikintun ka tingkat
                                kabupatén,  nembé  diaping  latihan  ku  Guru  Basa
                                Sunda. Kitu deui pas badé ka tingkat propinsi, latihan
                                téh diaping deui ku pangaping anu disayogikeun ku
                                Dinas Pendidikan. Kaleresan pangaping anu ditunjuk
                                ku Dinas Pendidikan téh Guru Basa Sunda sim kuringdi
                                sakola.
                  Wartawan  :  Wah, kaleresan pisan atuh. Dupi hadiahna naon baé?
                  Andika      :  Kénging piala ti Bapa Gubernur, piagem, sareng artos
                                wéh anu ageungna dua juta rupia.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    27
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   33   34   35   36   37   38   39   40   41   42   43