Page 41 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 41

Warta 2:



                             Pasanggiri Kawih Murangkalih



                 Bulan Désémber anu anyar ka liwat, Daséntra, gawé bareng jeung
          pémda Kabupatén Subang, ngagelar pasanggiri kawih murangkalih anu
          tempatna di aula pémda Kabupatén Subang. Ieu pasanggiri dilaksanakeun
          dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala Kabupatén Subang anu ka-
          65.
               Lantaran lobana pamilon, ieu pasanggiri dilaksanakeun salila dua
          poé,  ti  tanggal  12  nepi  ka  tanggal  13  Désémber.  Dipidangkeun  dina
          wanda rampak sekar atawa sok disebut ogé layeutan swara, anu jumlah
          anggotana minimal 10 urang.

               Acara  dibuka  langsung  ku  Bupati  Subang.  Dina  pamapagna,
          Bupati Subang nétélakeun kareueusna ka barudak SMP anu geus mahér
          ngahaleuangkeun  kawih-kawih  Sunda.  Anjeunna  ogé  nétélakeun
          kabingahna, lantaran ampir sakabéh SMP anu aya di Kabupatén Subang
          ngirimkeun wawakilna. Gedé harepan cenah, mun kagiatan samodél kieu
          tuluy  tumuluy  diayakeun,  minat  barudak  kana  kasenian  Sunda  bakal
                                                                                                                    3
                                                                                                                PANGAJARAN
          beuki ngaronjat.































            30                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   36   37   38   39   40   41   42   43   44   45   46