Page 43 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 43

uguritan  téh  karangan  pondok  anu  ditulis  dina
                                    wangun pupuh. Barudak ayeuna mah geus loba
                           Ganu  teu  wanoheun  kana  guguritan,  padahal
                           unggal  taun  Dinas  Pendidikan  Provinsi  Jawa  Barat
                           ngagelar pasanggiri pupuh raéhan  ti mimiti tingkat SD,
                           SMP, nepi ka SMA. Laguna ogé ayeuna mah diraéh deui,
                           dipirig ku musik anu modéren sarta ngeunaheun lamun
                           dijogédan.  Pantesna,  paraahli  seni  nepi  ka  ngulik  lagu
                           jeung musik anu leuwih deukeut kana rasa barudak ngora
                           téh  sangkan  ieu  pupuh  dipikaresep  ku  entragan  ngora.
                           Babari  dilagukeunna  sarta  ngeunaheun    kakupingna.
                           Atuh  eusina  ogé,  leubeut  ku  papatah  anu  gedé  gunana
                           keur kahirupan. Geura hayu urang diajar nembangkeun
                           guguritan,  nyangkeum  eusina,  jeung  sakalian  diajar
                           nulisna.



                           A.  Nembangkeun  Guguritan Pupuh Sinom



                           Tembangkeun ieu guguritan di handap!



                                          Ka Alun-Alun Bandung



                                Ngalanglang ka Kota Kembang,
                                Bapa, Mamah, Adé, kuring,

                                mios satengah dalapan,
                                tabuh sabelas can dugi,
                                macét téh di Cileunyi,
                                alah ieung mani ripuh,

                                hawa panas kacida,
                                teu eureun-eureun kikiplik,

                                tapi angger hawa téh beuki bayeungyang.





            32                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   38   39   40   41   42   43   44   45   46   47   48