Page 45 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 45

Tos wareg mah jalan-jalan,
                                asup téh ka Matahari,
                                baju mani loba pisan,
                                beureum, konéng, héjo deui,
                                éstuning warna-warni,
                                matak resep matak uruy,
                                kuring titah milihan,
                                mana anu cop jeung ati,
                                ka luar téh meunang sakérésék éwang.


                                Pasosoré tuluy mulang,
                                heug kapegat macét deui,
                                kacida matak aralna,
                                urut bungah kesel deui,
                                jalan heurin ku mobil,
                                matak bingung nu ti lembur,
                                biasa jalan lega,
                                ngalaman nu heurin usik,
                                matak kapok embung ngaduakalian.



                           B.   Mahamkeun Eusi Guguritan


                           1.   Eusi pupuh

                           a.   Pupuh  di  luhur  téh  diwangun  ku  genep  pada
                                (gunduk).  Eusi  pada  kahiji  nyaéta  nyaritakeun  hiji
                                kulawarga (kuring, bapana, indungna, jeung adina)
                                nu rék arulin ka Bandung kapegat macét di Cileunyi.
                                Mangkaning hawa keur meumeujeuhna panas matak
                                hareudang bayeungyang.


                           b.   Eusi pada kadua nyaéta si kuring bébéja ka bapana
                                hayang  ka  cai.  Tapi  ku  bapana  diupahan  sangkan
                                kuat nahan nepi ka pom bénsin. Bisa bari jajan cenah
                                mun eureun di pom bénsin mah.




            34                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   40   41   42   43   44   45   46   47   48   49   50