Page 46 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 46

c.    Eusi  pada  katilu  nyaéta  jalan  macét  geus  kaliwat.
                  Atuh saréréa ngarasa senang, malah indungna mah
                  hahariringan  sagala.  Basa  nepi  ka  pom  bénsin,  si
                  kuring laksana hayang ka caina.
            d.    Eusi pada kaopat nyaéta nyaritakeun lalampahan éta
                  kulawarga geus nepi ka alun-alun. Kaayaan di alun-
                  alun  téh  kacida  raména,  sagala  aya.  Basa  ningali
                  KFC,  Si Adé tutunjuk  hayang  dahar  di dinya. Nya
                  saréréa reureuh heula ngadon dalahar di dinya.
            e.    Eusi pada kalima nyaritakeun sabada dalahar tuluy
                  balanja  ka  supermarkét  Matahari,  baralanja  baju.
                  Bubuhan di supermarket, baju ogé mani loba warna-
                  warni matak pikabitaeun. Saréréa dibébaskeun milih
                  sakahayangna.  Kaluar  ti  Matahari  téh  meunang
                  balanjaan sakérésék éwang.
            f.    Pada panungtung nyaritakeun saréréa mulang deui
                  ka lemburna. Ari heug téh kapegat macét deui. Mobil
                  ngantay  minuhan  jalan.  Nu  ti  lembur  mah  pasti
                  bingung manggih kaayaan sarupa kitu téh lantaran
                  biasa jalan lowong, matak kapok embung balik deui.
                  Jadi, ulin ka Bandung téh kalah matak kapok, lain
                  matak deudeuieun.

            2.   Jejer (téma) guguritan

                  Anu jadi jejer dina guguritan di luhur téh kaayaan
            kota Bandung ayeuna.


            3.     Ngeunaan Pupuh Sinom

                  Sangkan  leuwih  paham  kana  pupuh  Sinom,  urang
            petik deui sabagian tina guguritan di luhur!

                  Ngalanglang ka Kota Kembang,
                  Bapa, Mamah, Adé, kuring,
                  mios satengah dalapan,
                  tabuh sabelas can dugi,
                  macét téh di Cileunyi,



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    35
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   41   42   43   44   45   46   47   48   49   50   51