Page 48 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 48

C.   Nyangkem Guguritan


                  Guguritan  téh  karangan  pondok  anu  disusunna
            maké patokan pupuh. Jadi mun nurutkeun wangunanana,
            guguritan  téh  wangun  ugeran  teu  bébas,  da  kauger  ku
            patokan  pupuh  téa.  Jumlah  pupuh  sakabéhna  aya  17
            pupuh,  nyaéta:  dangdanggula,  sinom,  asmarandana,
            kinanti,  mijil,  magatru,  pangkur,  durma,  pucung,
            balakbak, maskumambang, wirangrong, gambuh, gurisa,
            lambang, ladrang, jeung jurudemung. Tapi anu dipedar
            ayeuna mah moal kabéh, cukup opat pupuh waé heula.

            1.   Guguritan dina Pupuh Kinanti

            Tembangkeun babarengan guguritan  di handap!


                                Bandung Ayeuna


                  Bandung geus heurin ku tangtung,
                  nu datang ti mana mendi,
                  loba nu ngadon usaha,
                  atawa nu ngadon cicing,
                  balatak ku nu daragang,
                  matak heurin anu ulin.


                  Toko-toko pararinuh,
                  trotoar heurin ku parkir,
                  pabeulit jeung nu balanja,
                  pahibut nu barangbeuli,
                  adu tawar ramé pisan
                  kasawur ku sora mobil

                  sorana patinggarerung,
                  angkot pabeulit jeung taksi,
                  riweuh néangan panumpang,
                  pada-pada embung rugi,
                  puguh diudag setoran,
                  balik kudu meunang bati.           Sumber: infobdg.com



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    37
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   43   44   45   46   47   48   49   50   51   52   53