Page 49 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 49

Kaki lima enggeus puguh,
                                wuwuh nambah heurin usik,
                                mémang raos nu balanja,
                                tapi heurin ka nu ulin,
                                Bandung kota keur balanja,
                                kota kembang salin jinis.


                           a.   Eusi guguritan
                                Eusi  gururitan  dina  pupuh    kinanti  di  luhur,
                                nyaritakeun  kaayaan  kota  Bandung  anu  geus  salin
                                jinis  (robah)  tina  Kota  Kembang  jadi  kota  tempat
                                balanja. Nepi ka trotoar gé pinuh dipaké nu dagang.
                                Sisi jalan ramé ku anu adu tawar sorana kasawur ku
                                sora  angkot jeung taksi nu néangan panumpang.
                           b.   Jejer/téma guguritan
                                Nu jadi jejer guguritan kinanti di luhur  masih kénéh
                                nyaritakeun kaayaan kota Bandung ayeuna.
                           c.   Patokan Guguritan Kinanti
                                Ti heula geus dipedar, unggal guguritan/pupuh boga
                                patokan  séwang-séwangan.  Patokan  pupuh  sinom
                                tangtu baé béda jeung pupuh kinanti. Geura urang
                                cutat patokan pupuh kinanti.


                                                                   Guru         Guru
                     Padalisan          Pupuh Kinanti
                                                                 wilangan        lagu

                                  Ban-dung-geus-heu-rin-ku-
                          1                                           8           u
                                  tang-tung
                          2       nu-da-tang-ti-ma-na-men-di          8            i


                          3       lo-ba-nu-nga-don-u-sa-ha            8           a

                          4       a-ta-wa-nu-nga-don-ci-cing          8            i

                          5       ba-la-tak-ku-nu-da-ra-gang          8           a

                          6       ma-tak-heu-rin-a-nu-u-lin           8            i




            38                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   44   45   46   47   48   49   50   51   52   53   54