Page 50 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 50

Tina wincikan di luhur katangén, pupuh Kinanti téh
            dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Patokanana:
            8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i.


            2.   Guguritan dina Pupuh Asmarandana


                                  Budak Bangor


                  Kacatur Arman jeung Andi,
                  budak sakola ti kota,
                  di kelas ngan heureuy baé,
                  diajar sakahayangna,
                  lamun dipapatahan,
                  tara ieuh daék nurut,
                  dasar adatna wangkelang.


                           Hiji poé baradami,
                           éta budak nu duaan,
                           arék arulin ka warnét,
                           kajeun bolos ti sakola,
                           teu mikir akibatna,
                           nurut laku nu teu puguh,
                           kaleungitan akal séhat.


                  Caritana enggeus nepi
                  ka warnét di deukeut pasar,
                  lumayan tempatna ramé,
                  puguh da loba nu dagang,
                  Andi kadua Arman,
                  di warnét diukna nyumput
                  meureun sieun kanyahoan.


                           Ibu Guru Biologi,
                           nuju ngawulang di kelas,
                           héran kelas henteu gandéng,
                           geuwat naros ka barudak,



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    39
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   45   46   47   48   49   50   51   52   53   54   55