Page 69 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 69

Andi      :  Euleuh-euleuh  moyok  téh  meni  jero.  Yeuh
                                       geura dangukeun:
                                                meuli cingcin jeung Néng Ayu
                                                dahar nangka jeung si Johan
                                                abdi mah lain teu payu
                                                moal waka bobogohan
                           Guru      :  Tah  leres  Andi.  Nuju  sakola  mah  kadé  ulah
                                       waka  ngémutan  nu  karitu,  dialajar  waé  sing
                                       daria.
                                                Anténeu piring nu badag
                                                Sing garetol ka sakola


                                                Mesin ketik maké layar
                                                Dialajar ambéh pinter


                           Andi      :  Tah kadangu kasauran Ibu Guru.

                                                Abdi mah kapiring leutik
                                                Kaisinan ku gamparan.
                           Guru      :  Hé  hé  hé  ....  ah  Andi  mah  tiasa  waé.  Hayu
                                       ayeuna mah urang teraskeun diajarna.




                           B.  Nyangkem Sisindiran

                                Dina  wacana  di  luhur,  omongan  anu  digunduk-
                           gunduk sarta dicondongkeun disebutna sisindiran, nyaéta
                           omongan anu eusina dibalibirkeun, henteu langsung kana
                           maksud.  Nurutkeun  wangunna,    sisindiran  téh  aya  tilu
                           rupa:  Paparikan,  rarakitan,  jeung  wawangsalan.    Geura
                           urang pedar hiji-hiji.


                           1.  Paparikan
                                Paparikan téh kaasup wangun sisindiran anu sorana
                           padeukeut sarta murwakanti dina tungtung kecap atawa
                           padalisan. Conto dina paguneman di luhur:




            58                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   64   65   66   67   68   69   70   71   72   73   74