Page 70 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 70

Ngawuluku ngawalajar
                           kudu dibaladah heula
                           dina waktu rék diajar
                           hayu ngadaro’a heula


                  Ibu  guru  téh  ngajak  ngado’a  ka  barudak  saméméh
            der diajar. Eta maksud anu poko téh dikedalkeunana dina
            jajaran katilu jeung kaopat, nyaéta


                           Dina waktu rék diajar
                           Hayu ngadaro’a heula


                  Tapi  ngedalkeunana  henteu  langsung  pok,  dibali-
            birkeun heula dina cangkang nyaéta jajaran kahiji jeung
            kadua  nyaéta:


                           Ngawuluku ngawalajar

                           Kudu dibaladah heula


                  Jadi dina paparikan téh aya bagian cangkang jeung
            bagian eusi. Ku ayana cangkang anu sorana nyindirkeun
            kana  pieusieun,  karasa  ngeunah  pisan  kadéngéna.
            Lamun ku urang ditengetan, bréh baé katénjo, paparikan
            téh diwangun ku opat jajar. Dina sajajarna diwangun ku
            dalapan engang. Geura urang pérélékeun:
                  Nga - wu - lu - ku -  nga - wa -  la -  jar
                    1        2       3     4        5       6      7      8

                  Ku - du - di -  ba -  la -  dah - heu - la
                    1      2     3      4       5       6        7      8

                  Di -  na - wak - tu -  rék - di - a - jar
                   1       2       3       4       5      6    7    8
                  Ha - yu - nga -  da -  ro -  a - heu - la

                   1       2       3       4       5     6     7       8





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    59
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   65   66   67   68   69   70   71   72   73   74   75