Page 71 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 71

Satuluyna  pék  tengetan  kecap  dina  tungtung
                           jajaran:

                                         _____________________ ngawalajar
                                         _____________________ heula
                                         _____________________ diajar
                                         _____________________ heula




                                Dina  kecap  ngawalajar  jajaran  kahiji,  aya  sora  anu
                           dibalikan  deui  dina  jajaran  katilu  nyaéta  diajar.  Kecap
                           heula  dina  jajaran  katilu  mah  dibalikan  sagemblengna
                           dina  jajaran  kaopat.  Jadi,  kecap  ngawalajar  murwakanti
                           jeung kecap diajar dina sora jar, sedeng kecap heula dina
                           jajaran kadua murwakanti jeung kecap heula dina jajaran
                           kaopat.
                                Lian ti murwakanti di tungtung, ogé aya nu murwa-
                           kanti  ti  mimiti  kénéh.  Geura  tengetan  paparikan  di
                           handap:


                                         Titiran eunteup ngajajar

                                         bangkuang palid ka sisi
                                         sisindiran opat jajar

                                         aya cangkang aya eusi


                                Sabada dititénan, kapanggih anu murwakanti téh lain
                           tungtung wungkul. Méh jéntré geura urang réndéngkeun
                           jajaran kahiji jeung katilu, kadua jeung kaopat:


                                         Titiran eunteup ngajajar

                                         Sisindiran opat jajar
                                         Bangkuang palid ka sisi
                                         Aya cangkang aya eusi





            60                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   66   67   68   69   70   71   72   73   74   75   76