Page 77 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 77

Contona:    ___________________________

                                                ___________________________
                                                      Pajar manéh teuneung ludeung

                                                      Ku cucunguk jejeritan



                           b.   Jieun cangkangna. Téangan kecap-kecap anu engkéna
                                diteundeun    dina  tungtung  padalisan  sarta  bakal
                                murwakanti  jeung  kecap  ludeung  keur  padalisan
                                kahiji  jeung  kecap  jejeritan  keur  padalisan  kadua.
                                Jeung kecap ludeung upamana: hideung, leuweung,
                                nineung, jsb. Jeung kecap jejeritan, upamana: sisikian,
                                memenitan, jsb.  Sanggeus kapanggih kecapna, jieun
                                rarancangna. Upamana:


                                         _____________________ leuweung

                                         _____________________ sisikian
                                         Pajar manéh teuneung ludeung
                                         Ku cucunguk jejeritan



                           c.   Geus  kitu  mah  tinggal  néangan  kecap-kecap  anu
                                patali  jeung  kecap  panungtung  padalisan  kahiji
                                jeung kadua (leuweung jeung sisikian). Upamana:



                                         Pelak séréh sisi leuweung
                                         Digemuk ku sisikian

                                         Pajar manéh teuneung ludeung
                                         Ku cucunguk jejeritan



                                  Nulis  wawangsalan  leuwih  babari  batan  nulis
                           paparikan     jeung    rarakitan.    Léngkah     munggaran,
                           tangtukeun heula eusina (wangsalna). Upamana:



            66                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   72   73   74   75   76   77   78   79   80   81   82