Page 100 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 100
rama téh salah sahiji wangun karya sastra anu
sok dipagelarkeun. Hidep tangtu kungsi lalajo
Dpagelaran drama, boh langsung boh tina media
vcd atawa televisi. Naon anu kudu dipilampah upama
urang hayang mintonkeun drama? Anu pangpokona
tangtu kudu aya naskah, da apan dina naskah ayana
leunjeuran carita téh. Tah, dina pangajaran ayeuna hidep
rék diajar maca, niténan, sarta molahkeun naskah drama
di hareupeun kelas.
A. Maca Naskah Drama
Baca sarta tengetan ieu naskah drama di handap!
Conto Naskah Drama 1
Si Ujang Jadi Prabu
Babak 1
(Sang Prabu, Praméswari, para putri, ponggawa, jeung Paman
Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk,
tuluy hulang-huleng, bangun keur boga kabingung.)
Gusti Prabu : Keur baluweng kaula téh, Paman Léngsér. Bingung
ku rupa-rupa pasualan.
Paman Léngsér : Pasualan naon téa, Gusti Prabu?
Gusti Prabu : Baluweng ku dua perkara kaula téh, Paman. Anu
kahiji, rahayat urang téh keur tingkocéak. Saban
waktu keuna ku rupa-rupa musibat: banjir, lini,
runtah, panyakit. Anu kaduana, anak kaula, Si
Endén, apan teu waras pipikiranana bari teu
cageur-cageur diubaran ka mana-mana ogé.
(Ngahuleng heula) Cing sugan Paman Léngsér
bisa méré bongbolongan! Kudu ditumbalan ku
naon nagara urang jeung putri kaula téh?
90 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pamekar Diajar BASA SUNDA 91
Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX

