Page 102 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 102

Praméswari            :  (Gulak-gilek semu gumeulis) Ih, Kakang Prabu mah!
                                   Abdi janten geer, asa ngapung, ih. Kieu impénan
                                   téh, Kakang Prabu. Abdi ujug kasumpingan ku hiji
                                   Resi.  Pok  éta  Resi  téh  sasauran.  “Nagara  anjeun
                                   bakal  subur  ma’mur,  putri  andika  bakal  cageur,
                                   lamun ditumbal ku Tujuh Mustika!”
          Saréréa               :   (Reuwas) Tujuh Mustika?
          Gusti Prabu           :   Di mana cenah ayana Tujuh Mustika téh, Nyimas?
                                   Naha di bumi, naha di laut, atawa di langit?
          Praméswari            :   Aya di nagara urang saurna, Gusti Prabu! Kantun
                                   urangna nu kedah pinter milarina.
          Gusti Prabu           :   Sanggup Paman Léngsér néanganana?
          Paman Léngsér         :  Beu,  ampun,  Gusti  Prabu!  Bujeng-bujeng  kedah
                                   milari. Kana rupana ogé kaula mah teu terang.
          Gusti Prabu           :    Ké, ké....kudu ku saha cenah Nyimas ditéanganana
                                   éta Tujuh Mustika téh?
          Praméswari            :   Sang  Resi  henteu  nyebatkeun  kedah  ku  saha-

                                   sahana, Gusti Prabu, da  anjeunna kabujeng ngiles
                                                   (2 X)
                                   deui. Rupina tiasa ku saha baé.
          Paman Léngsér         :  Kumaha  upami  ku  putra  Gusti  Prabu  baé,  ku
                                   Radén Aria.


          Gusti Prabu           :  Tah  enya,  alus  ide  téh,  Paman!  Ngarah  engké  Si
                                   Agus  jadi  kasohor,  nya?  Tangtu  bakal  diliput
                                   ku  wartawan  Televisi.  “Tujuh  Mustika  geus
                                   kapanggih ku putra raja ti Karajaan Manoko.” Cas
                                   heula  ah,  paman!  Cik  urang  geroan  Si  Agusna.
                                   Agus! Agus...! Ka dieu!
         Praméswari             :  Ih, Kakang Prabu mah. Piraku nyauran ka putra
                                   raja  mani  kitu!  Radén...!  Radén  Aria  Lingga
                                   Kancana, kituh!
         Gusti Prabu            :  Enya,  apan  sok  di-Agus-Agus  ku  urang  téh  lin?
                                   Agus....!  Sagus...! Sagus....! Kadieu!
               (Torojol  Radén  Aria  nyampeurkeun.  Ogo,  lunggak-linggek.
         Pakéanana saragam SD.)



            92                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       93

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   97   98   99   100   101   102   103   104   105   106   107