Page 95 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 95

kaampeuh.  Urang  maksakeun  cengkat.  Blus  ka  kamar.
            Cetrék, ngerem manéh. Gauk wé ceurik bari nanangkeup
            bantal.
                  Ti  saprak  kajadian  si  Aa  ngajaran  baju  si  Mamah,
            haté  urang  mindeng  seseblakan,  Li.  Urang  watir  ka  si
            Aa. Komo ayeuna mah si Aa kaluar ti sakolana. Era ku
            babaturanana,  nyaritana  mah.  Sok  dipoyokan,  cenah,
            ngaranna kawas awéwé.

                  Ti keur SD kenéh ogé si Aa sok mindeng ngangluh
            ka Bapa, majarkeun téh bet méré ngaran awéwé, “Susan
            Basari”.  Mamah  nu  sok  ngupahan  téh.  Henteu  kawas
            istri,  da  aya  ‘Basari’-an,  ceuk  Mamah.  ‘Basari’  téh
            ngalambangkeun  lalaki  anu  gagah.  Tapi  si  Aa  keukeuh
            henteu narima.

                  Urang  jeung  si  Aa  mah  tibalik  nya,  Li!  Si  Aa  siga
            awéwé,  ari  urang  siga  lalaki.  Tapi  béda  kétang.  Luarna
            wungkul siga lalaki téh. Da haté urang mah, tetep haté
            awéwé!

                  Manéh ogé pan apal, urang mah jalingkak. Pakéan
            hayang  kawas  lalaki  waé.  Buuk  pondok.  Kana  tataékan
            satérékél-satérékél.  Teu  kawas  si  Aa.  Naékan  tangkal
            jambu nu pendék ogé teu bisaeun. Sarua, jeung manéh,
            Li!

                  Beuki  dieu,  si  Aa  beuki  rapékan.  Ti  mimiti
            ngamandian  Ila,  ngistrika,  ngepél,  nyeuseuh,  nepi  ka
            masak, kabéh ditangkes ku sorangan. Komo ayeuna mah
            geus teu sakola kapan. Beuki suhud wé barang-gawéna
            téh. Éta ogé sok dicaram ku Ceu Amah. Ceuk Ceu Amah,
            padamelan  istri  ieu  mah,  sanés  padamelan  pameget.
            Tapi si Aa sok pundung dikitukeun téh. Ceu Amah surti
            kadieunakeun mah tara daékeun curam-caram deui.
                                          ****


                                      (Dicutat tina novel Catetan Poéan Réré,
                                                      karangan Ai Koraliati)

                                                                                       85
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   90   91   92   93   94   95   96   97   98   99   100