Page 101 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 101

Paman Léngsér          :   (Ngahuleng) Puguh sami, Gusti Prabu. Kaula ogé
                                      keur hariwang ayeuna téh?
            Gusti Prabu            :   Naha hariwang ku naon, ari Paman?
            Paman Léngsér          :  Eu...eu....éta  pun  alo,  Nyi  Esih,  kamari  téh
                                      ngalahirkeun,  Gusti  Prabu.  Ari  pék  orokna  téh
                                      bedegul,  tiasa  kokorondangan,  jaba  tos  tiasaeun
                                      cacarita.
            Gusti Prabu            :   Ih, orok ajaib atuh éta mah. Terus naon nu matak
                                      jadi kahariwang Paman?
            Paman Léngsér          :   Numawi, Gusti Prabu, éta orok téh rampus pisan
                                      sagala dituang.
            Gusti Prabu            :   Alus, Paman, hartina éta orok téh séhat.
            Paman Léngsér          :  Sanés kitu, Gusti Prabu, anu dituangna téh sanés
                                      kadaharan  wungkul.  Pepelakan  di  buruan,  anak
                                      hayam, malah ka lamak bubututan ogé sok dituang
                                      ku orok téh.
            Gusti Prabu            :  (Seuri  ngagakgak)  Ha  ha  ha....Turunan  jurig

                                      sugan, Paman! Nya alus ari daék ngadahar lamak
                                      bubututan mah, da harga béas keur mahal apan
                                      ayeuna téh!
            Paman Léngsér          :   Tapi aya ahéngna deuih éta orok téh, Gusti Prabu,
                                      tiasaeun  ningali  naon-naon  anu  ku  urang  teu
                                      katingal.
            Gusti Prabu            :  Alus,  bisa  jadi  paranormal  ké  Paman.  Nya  keun
                                      heula sual orok mah. Ditanya naon tadi Paman ku
                                      kaula téh?
            Paman Léngsér          :  Eu..eu...éta  Gusti  Prabu.  Kudu  ditumbalan  ku
                                      naon nagara urang sareng Endén Putri téh?
            Gusti Prabu            :   Hmm. Enya. Cing kudu kumaha sangkan nagara
                                      urang subur ma’mur, rahayatna henteu tingkocéak,
                                      jeung putri kaula bisa cageur?
            Praméswari             :  (Nyembah)  Hapunten,  Kakang  Prabu.  Unjuk
                                      uninga, tadi wengi abdi ngimpen ahéng kacida.
            Gusti Prabu            :  Tah, tah...! Ngimpen naon Nyimas, bojo Kakang
                                      anu lucu anu geulis?


                                                                                       91
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   96   97   98   99   100   101   102   103   104   105   106