Page 103 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 103

Radén Aria             :  (Ngomongna ogo). Aya naon, Pap! Agus badé ka
                                      sakola kalah  disauran. Badé naon, sih!
            Gusti Prabu            :   Naha wanci kieu tos badé ka sakola. Apan énjing
                                      kénéh?
            Radén Aria             :   Ih,  Papap  mah.  Apan  ayeuna  tén  dinten  Senén,
                                      Pap. Kedah upacara Pami kasiangan sok disetrap
                                      ku guru. Ih, boring, boring....déh, Pap!
            Gusti Prabu            :   Kieu,  Agus!  Nagara  urang  téh  ayeuna  keur
                                      dirungkup ku rupa-rupa musibah. Ceuk impian,
                                      cenah kudu ditumbal ku Tujuh Mustika!
            Radén Aria             :  Naon, Pap mustika téh? Kaulinan? Ih, Agus mah
                                      tara  maén  mustika.  Pami  maén  bal  osok.  Apan
                                      kamari cenah Papap badé mangmésérkeun sapatu
                                      maén bal, mana? Ih, boong..., booooong déh Papap
                                      mah!
            Gusti Prabu            :  Ieuh,  déngékeun  geura.  Nagara  urang  téh  kudu
                                      ditumbal. Agus sanggup néangan Tujuh Mustika?
            Radén Aria             :   (Bari ngahormat) Siap, Pap!
            Gusti Prabu            :   Tah, kitu putra Papap mah!
            Radén Aria             :  Ka mana milarina, Pap? Ka Borma, ka BIP, ka BS,
                                      atawa ka Cimol? Ké Agus bari mésér sapatu maén
                                      bal, nya Pap?


            Gusti Prabu            :    Ah, dasar budak oon manéh mah. (Gogodeg, tuluy
                                      ngageroan ka Paman Léngsér) Paman Léngsér! Kieu
                                      baé atuh. Paman kudu ngumpulkeun jalma-jalma
                                      sakti anu sanggupeun néangan Tujuh Mustika!
            Paman Léngsér          :  Teu pindo damel, Gusti Prabu!
                  (Sang Prabu jeung para pangiringna kaluar ti panggung.)



            Jawab ieu pananya di handap!

            1.    Saha baé palaku anu ngalalakon dina adegan drama di luhur téh?
            2.    Naon anu ngalantarankeun Gusti Prabu baluweng pipikiran?
            3.    Ceuk Paman Léngsér kumaha kaayaan orok anu kakara lahir téh?



                                                                                       93
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   98   99   100   101   102   103   104   105   106   107   108