Page 97 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 97

dideukeutan téh, nyaéta Si Utay, sakitu saba-baraga kali
            ngahaja dianjangan sakalian ne-pungan mamangna jeung
            bibina.
                  Satamatna  ti  Kurus  Dagang  ku  dununganana
            dijeujeuhkeun  dipangyiarkeun  pagawé-an.  Kabeneran
            ditarima jadi jurutulis di pabrik tinun. Najan geus digawé,
            teu incah bali-lahan, nuturkeun dununganana baé. Kana
            gawé teu ngurangan, sabaréto baé cara basa keur sakola
            kénéh.
                  Unggal  gajihan,  duit  téh  kabéh  dipasrahkeun  ka
            dununganana, manéhna mah ngan ukur misahkeun keur
            kaperluan sautak-saeutik. Atuh dina jero dua taun digawé
            téh geus bisa ngoméan imah indungna, sakalian digedéan
            jeung dipapantes.

                  Ayeuna  mah  saenggeus  manéhna  gedé,  geus  boga
            gawé di dayeuh sarta geus kadeu-leu tapakna, ari pareng
            balik  ka  lembur  téh  ku  kolot-kolot  ogé  diarambeuan
            diarajaénan.  Sumawona  ari  papantaranana  mah,  boro-
            boro  aya  nu  wani  ngunghak,  dipiconggah  gé  réa  nu
            popoyongkodan, éra.
                  Barudak  parawan  loba  nu  ngadadak  nyobat  ka
            Si  Aah.  Duka  naon  sababna,  da  mun  pareng  manéhna
            aya  di  lembur  sok  katénjoeun  saban  soré  sok  aya  waé
            nu nyampeur ulin ka adina. Manéhna onaman tara pati
            barangtitén; rajeun disindiran ogé ku indungna api-api teu
            ngarti waé, da can aya maksud téa kana boga pamajikan
            téh.
                  Nu teu weléh matak hémeng téh talajak Utay, siga
            beuki kacida ceuceubna ka ma-néhna téh. Nepi ka kanjat
            ngareuhak ari ngaliwat ka hareupeun imaha téh. Kilang
            kitu teu jadi pikir, da geus nyaho kitu adatna.

                           ………

                          (Dicutat tina novel Nu Sengit Dipulang Asih,
                                                 karangan Ahmad Bakri)


                                                                                       87
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   92   93   94   95   96   97   98   99   100   101   102