Page 18 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 18

Ayeuna  kantun  kumaha  sikep  urang.  Naha  badé
                                  ngantepkeun  basa  Sunda  sina  leungit,  atawa  ku
                                  urang  rék  dipiara  sangkan  basa  Sunda  langgeng
                                  jadi  banda  budaya  sareng  jati  diri  urang  Sunda?
                                  Rupina sakitu anu tiasa kadugikeun ku sim kuring.
                                  Mangga urang sawalakeun.
          Panumbu Catur         :  Hatur  nuhun  ka  Sadérék  Jajang  anu  parantos
                                  ngadugikeun  pasualan.  Bapa/Ibu  Guru  kalih
                                  réréncangan  sadaya,  rupina  éta  jejer  pasualan
                                  anu  diasongkeun  ku  sim  kuring  saparakanca
                                  kanggo  bahan  sawalakeuneun  urang  danget
                                  ieu.  Jalaran  kitu,  sim  kuring  badé  langsung  waé
                                  masihan waktos ka réréncangan sadayana supados
                                  mairan,  ngadugikeun  pamendak  masing-masing.
                                  Sumangga, saha anu badé mairan?

          Siswa 1               :  (Bari  ngacung)  “Abdi,  pun  Galih  ti  kelompok  3!
                                  Ceuk abdi mah, saha waé anu cicing di tatar Sunda,
                                  wajib  nyarita  ku  basa  Sunda.  Upami  aya  urang
                                  Sunda anu gagayaan nyarita ku basa Indonésia, ku
                                  urang kedah digeuing.

          Siswa 2               :  Abdi, pun Sinta ti kelompok 2 badé mairan! Tadi ku
                                  urang kakuping, yén basa Sunda téh sesah lantaran
                                  aya undak usuk-basa, dugi ka urang Sunda seueur
                                  anu  nyarios  ku  basa  Indonesia.  Janten  anu  jadi
                                  hahalangna téh undak-usuk. Kumaha atuh upami
                                  undak-usuk basana dileungitkeun?
          Siswa 3               :   Sim kuring, pun Usép, ti kelompok 6 badé mairan!
                                  Sim  kuring  rada  kirang  panuju  kana  pamadegan
                                  Nurul.  Upami  undak-usuk  basa  dileungitkeun,
                                  basa Sunda moal gaduh ciri has anu mandiri. Jaba
                                  engké moal aya deui disebat basa lemes. Nu aya
                                  téh basa kasar wé panginten. Mung sakitu. Hatur
                                  nuhun!





             8                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       9

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   13   14   15   16   17   18   19   20   21   22   23