Page 19 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 19

Panumbu Catur          :  Hatur  nuhun  ka  réréncangan  anu  parantos
                                     ngedalkeun  pamendakna.  Sawala  urang  janten
                                     langkung      ramé.    Naha     undak-usuk       kedah
                                     dileungitkeun  atawa  henteu,  mangga  tiasa
                                     dipairan  deui  ku  nu  sanés.  Nanging  anu  badé
                                     mairan  atawa  ngadugikeun  pamendak,  mugi
                                     henteu papanjangan. Singget baé nujul kana poko
                                     pasualan. Mangga saha deui anu badé mairan?
            Siswa 4                :  Abdi, pun Rina, ti kelompok 4! Ceuk abdi mah kieu,
                                     supados urang Sunda tiasa nyarios ku basa    Sunda
                                     bari leres undak-usukna, rupina kedah aya tempat
                                     kursus  basa  Sunda,  sapertos  tempat  kursus  basa
                                     Inggris  nu  ayeuna  seueur  di  mana-mana.  Janten
                                     saha  baé,  rek  urang  Sunda  rék  urang  Batak  anu
                                     badé dialajar basa Sunda, nya lebet kursus téa.

            Siswa 5                :  Sim kuring, pun Tantan, ti kelompok 5! Sim kuring
                                     panuju  kana  pamadegan  Nunung,  mung  aya
                                     tambihna.  Rupina  sanés  kursus  baé  anu  kedah
                                     diayakeun téh, tapi ogé buku-buku kamus alit basa
                                     Sunda anu pangaosna mirah, sarta tiasa dipésér di
                                     mana  baé.  Upami  aya  pancén  basa  Sunda  urang
                                     ogé apan sok peryogi ku kamus téh.

            Siswa 6                :  Abdi,  pun  Yuni,  ti  kelompok  7  badé  ngiring
                                     mairan!  Leres  anu  didugikeun  ku  réréncangan
                                     nembé, supados masarakat tiasa diajar basa Sunda
                                     kedah  aya  tempat  kursus,  kedah  aya  kamus.
                                     Nanging ceuk abdi nu pentingna pisan mah kedah
                                     aya kasadaran dina diri urang, yén basa Sunda téh
                                     banda urang anu kedah dipiara.Kedah dihargaan
                                     bari dianggo dina kahirupan sadidinten. Rek leres
                                     undak-usukna rék henteu, anu penting nyarios ku
                                     Basa Sunda. Mung Sakitu. Hatur Nuhun!
            Panumbu Catur          :  Hatur nuhun kana pamair ti réréncangan sadaya.
                                     Tina sawala urang nembé rupina tiasa dicindekeun,
                                     yén  anu  penting  téh  nyaéta  kasadaran  urang

                                                                                        9
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   14   15   16   17   18   19   20   21   22   23   24