Page 50 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 50

tatanén, atawa sato beunang meuncit ka “karuhun”. Biasana éta upacara
          téh  sok  diémbohan  ku  pirang-pirang  kasenian  pikeun  némbongkeun
          kagumbiraan nu milu upacara. Aya deui nu nétélakeun yén kecap nadran
          téh asalna tina nadra, nyaéta déwi anu nyangking roh manusa di alam
          kubur dina mitologi Hindu.
               Datang  ka  kuburan,  ngadu’a  sarta  tuluy  ngawurkeun  kembang,
          tangtuna gé moal aya kabiasaan kitu téh di wewengkon Arab mah nu jadi
          pamiangan nyebarna agama Islam. Tong boroning nadran, dalah kuburan
          oge apan tara maké tutunggul-tutunggul acan di Arab mah. Sabab ceuk
          katerangan ti Rosul ogé, nu geus maot mah putus sakabéh hubunganana
          jeung jalma anu hirup, iwal ti tilu perkara, nyaéta; amal jariah, élmu anu
          mangpaat, jeung anak nu soléh.

               Ku kituna, lamun matalikeun nadran jeung jeung ajaran Islam, boa-
          boa kaasup bid’ah. Tapi kapan Islam mah bisa tumuwuh di pakarangan
          budaya anu rupa-rupa. Budaya nu geus jadi ciri sabumi cara sadésa. Ari
          anu  kasebutna  budaya,  najan  mimitina  aya  pakaitna  jeung  momentum
          kaagamaan, laun-laun bisa luntur. Kawas kabiasaan nakol bedug mapag
          lebaran upamana, apan ayeuna mah geus mimiti langka. Nadran gé nya
          kitu. Boa dina hiji mangsa mah bakal ngiles tina kabiasaan urang Sunda.
          Tapi ku ayana nadran téh bisa jadi hiji panggeuing kana hal nu remen
          kapopohokeun, yén sakur jalma téh bakal maot.



                                                 (Tina Cupumanik No. 4/Dadan Sutisna)






                                    Latihan 4


          1.    Baca ieu wacana di handap!
          2.    Tulis sarta téangan hartina kecap-kecap anu nuduh-
               keun adat kabiasaan.
          3.    Pék tuliskeun kumaha pamanggih hidep kana eusi
               ieu wacana, sarta jieun tingkesanana!




            40                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       41

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   45   46   47   48   49   50   51   52   53   54   55