Page 48 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 48

sajarahna, sakumaha nu aya dina carita Pantun Bogor, ieu kampung geus
          aya ti jaman Karajaan Pajajaran. Dina jaman harita dianggap tempat anu
          suci sarta sok dipaké tempat ibadah.
               Urang Sindangbarang tukuh miara adat kabiasaan titinggal karuhun.
          Wangunan imah panggung jeung leuit, némbongkeun ciri has wangunan
          urang Sunda baheula. Aya  wangunan husus nu disebut Imah Gedé, tempat
          pangajrekan pupuhu kampung, jeung imah Girang Serat, panganjrekan
          girang serat anu mantuan pancén pupuhu kampung.     Dina taun 2006
          Kampung Sindangbarang téh dirénovasi, dibebenah deui wangunana sarta
          dihirupkeun deui tradisi anu méh laleungit. Aya sawatara adat kabiasaan
          anu dipiara tepi ka ayeuna. Upamana baé upacara sérén taun, salametan
          maleman opat belas, upacara makukeun, warogé, jeung kasenian parebut
          sééng.





                                            Latihan 3


          1.    Ieu di handap aya dua wacana anu ngaguar adat kabiasaan urang
               Sunda. Pék baca ku hidep sing imeut.
          2.    Sawalakeun eusina jeung batur sakelompok.
          3.    Tulis  sarta  téangan  hartina  kecap-kecap  anu  patali  jeung  adat
               kabiasaan.
          4.    Tuliskeun kumaha pamanggih hidep kana éta wacana.
          5.    Jieun tingkesan tina éta wacana.



          Wacana

                                    Nadran Poé Lebaran



               Nyaksian nu keur nadran, bisa jadi lamun dipikiran ku alam kiwari
          mah  aya  nu  matak  kerung  atawa  boa  pikaseurieun.  Dina  poé  lebaran,
          kolot-kolot di pilemburan umumna nganggap ‘wajib’ nadran  di kuburan
          téh.
               Sapoé saméméh lebaran, rampé, daun pandan jeung kekembangan
          geus disiapkeun. Rampé bisana sok meuli ti warung. Piisukaneun lebaran


            38                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       39

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   43   44   45   46   47   48   49   50   51   52   53