Page 51 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 51

Wacana



                          Ngahirupkeun Deui Kaulinan Barudak



                    Dunya        barudak
            raket pisan jeung kaulinan.
            Teu    sirikna    ti   barang
            borojol  kénéh,  budak  téh
            geus  diwanohkeun  jeung
            rupaning  cocooan.  Ngan
            orokaya réa kolot anu méré
            cocooanana  téh  bari  jeung
            teu  nyaho  kana  kagunaan
            atawa           mangpaatna.
            Dapon budak resep, atawa
            ngudag  kana  prahna  baé                             Sumber: http//:3bp.blogspot.com
            ilaharna  mah.  rék  pangaji
            sabaraha-sabaraha baé ogé dibeuli. Nyaah ka budak alesnana mah. Usum
            tamiya, dipangmeulikeun tamiya. usum pépéstolan dipang-meulikeun
            pépéstolan.  Usum  rorobotan  dipang-meulikeun  rorobotan. Atuh
            budak gedé saeutik dipangmeulikeun PS (play station).
                  Teu  di  kampung  teu  di  kota  kituna  téh.  Réréana  cocooan  anu
            dibikeun  ka  budak  téh  jieunan  pabrik.  rék  tina  palastik  rék  tina  beusi.
            Ngan anu puguh teu saeutik cocooan anu kawas kitu téh mawa watek
            goréng kana tumuwuhna budak, pangpangna patali jeung kagunaanana
            dina ngahudang daya motorik jeung kasaimbangan uteukna.

                  Kiwari  mah  geus  langka  aya  budak  anu  ulin  kolécér,  panggal,
            bebedilan tina awi, gogolékan, empét-empétan, ker-keran, sanari, toléot,
            panggal, atawa jajangkungan. Padahal saméméh wawuh jeung kaulinan
            anu  dijual  di  toko,  budak  téh  asalna  mah  dalit  jeung  kaulinan  lembur
            modél kitu.

                  Di  Kampung  Bolang,  Désa  Cibuluh,  Kacamatan  Tangjungsiang,
            Subang, aya komunitas anu ngamekarkeun kaulinan barudak. Ngaranna
            Komunitas Hong. Diadegkeun ku Mohamad Zaini Alif dina bulan Juli 2003.

                                                                                       41
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   46   47   48   49   50   51   52   53   54   55   56