Page 53 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 53

Tepi ka kiwari, Komunitas Hong téh anggotana 30 urang, ti mimiti
            budak  kelas  1  SD  tepi  ka  rumaja.  Minangka  salah  sahiji  kagiatanana,
            remen paméran, boh di Bandung boh di Jakarta. Saban paméran, Zaini
            minangka nu ngasuhna, sok ngerid barudakna nu 30 urang téa. Kitu deui
            sarupaning pakakas kaulinan sok diringkid ka tempat paméran.
                  Rupaning kaulinan téh dipamérkeun. Sok diayakeun works shop-
            na, cara-cara nyieun kaulinan jeung ngajual produk kaulinan.

                  Pikeun  anggota  Komunitas  Hong,  ku  remen  milu  paméran  téh
            loba  hikmahna.  Lian  ti  nambahan  pangalaman,  éta  kagiatan  téh  bisa
            ngadatangkeun panghasilan deuih. Ceuk Tatang Hérmanto, salah saurang
            anggota Komunitas Hong, saban paméran réa nu datang sarta resepeun
            kana cocooan anu dipamérkeun. Maraéhna aya urang Sunda, Cina, atawa
            turis ti manca nagara. Maranéhna loba anu mareuli cocooan.

                  Hiji barang kaulinan téh hargana antara 15.000 – 25.000,-. Dina sapoé
            paméran téh cenah osok kajual antara 20 tepi ka 25 barang kaulinan. Aya
            kalana  sok  tepi  ka  béak  teu  nyésa.  Hasil  tina  ngajual  cocooan  téh  sok
            dibagikeun ka barudak.

                  Sanggeus  nalungtik  rupaning  kaulinan  barudak  sarta  nyieun
            komunitas, Zaini boga rencana hayang nyieun museum kaulinan barudak.
            Nu geus mimiti dipigawéna nyaéta road show, nguruling ka mall-mall
            jeung ka sakola-sakola.  Nu kawilang penting dipikiran nyaéta ka mana
            ngamalirkeun éta kaulinan, naha ka TK-TK upamana.

                  Patali jeung mekarkeun usahana, kiwari Zaini keur tatahar nyieun
            pola industri kaulinan rayat di Subang. Kosépna basajan. Barudak arulin,
            geus  kitu  cocooanana  ditampung  ku  Zaini,  diropéa  deui  tuluy  dijual.
            Duitna  dibikeun  ka  maranéhna,  naha  keur  nuluykeun  sakola  atawa
            keur mantuan kahirupan koltona. Produksina dijieun di imah séwang-
            séwangan. Masarkeunana bisa ka Mall atawa dijual sorangan ku barudak.
            Sagédéngeun éta, kiwari Zaini ogé keur naratas nyieun Kampung Kolécér
            di  lemburna,  di  Subang.  Puguh  baé  keur  ngahontal  éta  cita-cita  butuh
            pangrojong, utamana waragad. Tapi manéhna ngasa yakin yén dina hiji
            mangsa kahayangna bisa tinekanan.

                                                (Tina Cupumanik No. 50/Ibnu Hijar Apandi)


                                                                                       43
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   48   49   50   51   52   53   54   55   56   57   58