Page 47 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 47

14.   Gamelan, tatabeuhan sapuratina, goong, saron, jsb. anu ilahar
                        sok dipaké dina kasenian degung.
                          “Gamelan téh surupanana béda-béda, aya anu maké surupan saléndro,
                        pélog, aya ogé degung.
                  15.   Ngalamar,  pihak  lalaki  nanyaaan  ka  pihak  awéwé  pikeun
                        maheutkeun pernikahan.
                           “Béjana  isukan  Kang  Ruhimat  jeung  kulawargana  rék  ngalamar
                        Néng Elin.”
                  16.   Penca,  seni  béla  diri  anu  ngutamakeun  gerak  dina  wangun
                        jurus-jurus.
                          “Di urang anu kasohor téh di antarana penca Cimandé, Cikalong,
                        jeung Sahbandar.”

                                      Latihan 2

            1.    Cing pék tulis kabiasaan atawa tradisi naon nu aya
                  di lembur atawa di lingkungan hidep! Pigawé jeung
                  batur sakelompok!
            2.    Ieu di handap aya sawatara istilah anu nuduhkeun
                  kabiasaan  atawa  tradisi  urang  Sunda.  Pék  téangan
                  hartina ku hidep dina kamus!
                  a.    Nyunatan
                  b.    Nyawér
                  c.    Nyekar
                  d.   Pancakaki
                  e.    Paririmbon


            C.   Ningkes Wacana


                  Sabada  dibaca  turta  kaharti  eusina,  wacana  “Kampung  Budaya
            Sindangbarang” téh ku urang bisa ditingkes kalawan nyaritakeun bagian-
            bagian anu pokona. Titénan ieu contona:
                  Kampung Budaya Sindangbarang téh hiji lembur nu perenahna di
            wewengkon Kabupatén Bogor Barat. Ieu lembur pamandangan alamna
            éndah  pisan. Aya  leuweung,    tatangkalan,  alun-alun,  jeung  wangunan
            imah  panggung  nu  parentul,  hégar  tur  asri  katénjona.  Nurutkeun


                                                                                       37
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   42   43   44   45   46   47   48   49   50   51   52