Page 49 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 49

mah  di  warung  téh  sok  aya
            rampé  beulieun.  Ti  peuting
            kénéh  geus  diajam,  nadran
            téh  rék  ka  makam  aki  jeung
            nu séjénna.
                  Isuk-isuk  kakara  nyiap-
            keun  cai  dina  kendi  atawa
            dina botol. Henteu sagawayah
            cai  deuih,  tapi  kudu  anu
            geus  dijiad  heula  ku  kokolot
            lembur.  Nu  matak  rebun-
            rebun kénéh sok ngalabring ka                           Sumber: www.datasunda.com
            imah kokolot lembur, rék ménta dipangmarancahankeun
            cai. Ké balik solat id disampeur deui.

                  Dina  prak-prakanana,  nu  rék  nadran  naragog  deukeut  kuburan.
            Gereyem babacaan, tawasul, fatéhah, ngaji yasin, sarta sok tuluy dipungkas
            ku du’a. Réngsé ngadu’a, wur-wur rampé jeung kembang téh diawurkeun
            kana  kuburan.  Cur  cai  tina  kendi.  Geus  kitu  der  ‘ngawangkong’  jeung
            kuburan.  Maké  jeung  ngawanohkeun  anak-incu  sagala  rupa.  Mun  aya
            kajadian nu patali jeung rajakaya titingal anu geus maot, sok dicaritakeun
            deuih. Kawas imah nu diruag, sawah anu digadékeun atawa dijual, atawa
            tanah anu geus dibagikeun ka anak-incu. Kitu deui, nu jadi kokolot nadran
            ilaharna sok nétélakeun ka anak-incu nu harita milu nadran, kuburan saha
            anu keur dijarahan téh, kumaha waktu keur hirupna, jeung sajabana.

                  Nadran téh geus jadi kabiasaan urang Sunda ti jaman bihari kénéh.
            Dina  buku  Roesdi  jeung  Misnem  karangan  A.C.  Deenik  jeung  Rd.
            Djajadiredja, aya bagian anu nyaritakeun nadran. Dicaritakeun Si Rusdi
            jeung  bapana  arindit  ka  kuburan  bari  mawa  rampé,  kembang,  jeung
            cai  dina  kendi.  Wur  kekembangan  téh  diawurkeun  kana  makam  terus
            dikucuran ku cai tina kendi. Gereyem ngadu’a.
                  Dina  kamus  Sunda,  nadran  téh  hartina  ngembang,  nyekar,  jarah
            ka  kuburan.  Tapi  di  sawatara  wewengkon  mah  nadran  téh  salah  sahiji
            upacara  adat  basisir  (di  Cirebon  jeung  Subang).  Méh  sarua  jeung
            “Ngarot” di Indramayu atawa “Badirian” di Majalengka. Dina mitologi
            urang Sunda baheula, nadran téh ngadu’a bari nyérénkeun sasajén, hasil

                                                                                       39
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   44   45   46   47   48   49   50   51   52   53   54