Page 46 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 46

d.   Pantun, carita buhun (baheula) anu loba nyaritakeun karajaan.
                     Carita  pantun  sok  dilalakonkeun  ku  juru  pantun  kalawan
                     dipirig ku kacapi. Aya bagian carita anu sok dihariringkeun.
                      “Pantun  téh  kaasup  kasenian  buhun  anu  kiwari  geus  taya
                     dikieuna..”
               e.    Pundén, tina kecap pundi, barang anu disuhun atawa disangga
                     ku barang séjén; batu nu undak-undakan.
                      “Upama ulin ka situs urang sok manggihan pundén-pundén batu.”
               f.    Sasajén, tina kecap saji, sasajian, barang atawa kadaharan anu
                     disajikeun, disuguhkeun. Dina kabiasaan urang Sunda sasajén
                     téh miboga harti husus, nyaéta barang atawa kadaharan anu
                     disuguhkeun ka karuhun atawa ka bangsa lelembut.
                      “Kumaha paménta Ki Dukun téh, enya cenah ménta sasajén hayam
                     camani?”
               g.    Parukuyan¸ wadah tempat meuleum menyan.
                     “Aki  Dira  ngagereyem  mapatkeun  jampé,  nyanghareupan
                     parukuyan nu geus ngelun.”
               h.   Kolong, rohang imah bagian handap.
                      “Ari hujan mah hayam téh ngariuhan ka kolong imah.”
               i.    Lelembut, dedemit, roh, mahluk gaib.
                      “Jurig téh kaasup bangsa lelembut anu sok ngaganggu manusa.”
               j.    Kawung, ngaran tutuwuhan, sok disadap, caina disebut lahang,
                     amis, sok ditaheur dijieun gula.
                       “Lian  ti  disadap  lahangna,  kawung  ogé  sok  diala  injukna,  pikeun
                     dijieun tambang atawa hateup imah.
               k.    Panulak bala, atawa tulak bala, barang atawa tutuwuhan anu
                     sok dipaké nyegah gangguan bangsa lelembut, dedemit.
                        “Jukut  palias  sok  dipaké  tulak  bala  sarta  ilaharna  disimpen  di
                     luhureun panto.”
               l.    Jangjawokan, jampé, mantra.
                     “Bari  madep  ngulon,  Nini  Usih  ngagereyem  mapatkeun
                     jangjawokan.”
               m.   Tatanén, barangpelak
                       “Di pilemburan mah loba kénéh anu tatanén téh, boh melak paré boh
                     palawija.”



            36                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       37

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   41   42   43   44   45   46   47   48   49   50   51