Page 52 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 52

Sumber: www.
                  datasunda.com






          Di Bandung ogé aya kantorna ieu komunitas téh, nyaéta di Jl. Bukit Pakar
          Utara No. 35. Minangka Pusat Kajian Mainan Rakyat Sunda, ieu komunitas
          téh leuwih cocog lamun disebut komunitas tempat ulin barudak. barudak
          dibéré kalaluasaan keur ulin, diajar nyieun cocooan, jsb.
               Hong téh kecap nu ilahar dikedalkeun ku barudak nu keur ucing-
          ucingan.  Dina  waktu  12  taun,  Zaini  nalungtik  rupa-rupa  kaulinan
          barudak. Ti mimiti cocooan nepi ka kaulinan anu ngagunakeun alat. Aya
          120 kaulinan cenah anu geus kapanggih téh. Jumlah sakitu téh kakara ti
          wewengkon Sunda pakidulan wungkul.

               Kaulinan  barudak  sok  disarebut  ogé  kaulinan  rayat.  Pangaruhna
          kana  kamekaran  budak  gedé  pisan.  Salin  ti  keur  hiburan,  bisa  ngasah
          rasa  jeung  kasaimbangan  uteuk  budak  deuih.  Éta  kaulinan  téh  teu
          mikabutuh waragad anu gedé. Budak bisa nyieun ku sorangan. Bahana
          geus  nyampak,  kari  daék  ngamangpaatkeun  barang-barang  nu  aya  di
          lingkungan sabudeureun.

               Sawatara kaulinan gédé mangpaatna keur ngalatih kasaimbangan.
          jajangkungan  upamana,  atawa  kelom  batok.  Ari  hatong,  celempung,
          jeung kekeprak, lian ti bisa keur hiburan, alus deuih keur ngalatih rasa.
          Nu  teu  maké  alat  cara  Sursér  atawa  Paciwit-ciwit  lutuk,  hadé  pikeun
          nyaimbangkeun uteuk kénca jeung katuhu tur ngalatih rasa barudak. Kitu
          deui kakawihan-kakawihan nu ilahar sok ditembangkeun dina kaulinan,
          mun dititénan ngandung harti anu jero kawas Pacici-cici putri, Paciwit-
          ciwit lutung, atawa Pérépét jéngkol.
            42                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       43

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   47   48   49   50   51   52   53   54   55   56   57