Page 75 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 75

6.    Panutup
                  Sanggeus nengetan kahirupan urang Kampung Mahmud, tétéla yén
            urang kudu miara sarta ngajénan kana tradisi titinggal karuhun. Éta tradisi
            téh naha anu mangrupa wangunan upamana baé imah, paparabotan jeung
            sajabana,  atawa  anu  mangrupa  adat  kabiasaan  hirup  sapopoé.  Horéng
            henteu  sakabéh  pantrangan  karuhun  teu  bisa  dirempak.  Di  Kampung
            Mahmud,  éta  pantrangan  téh  disurahan  deui  sarta  diluyukeun  jeung
            kaayaan jaman kiwari. Ku niténan adat kabiasaan urang Sunda sakumaha
            anu katingal di Kampung Mahmud, muga-muga baé sing jadi pelajaran
            keur  para  rumaja  atawa  para  siswa,  yén  urang  kudu  ngahargaan  kana
            banda budaya titinggal karuhun.



            Jawab ieu pananya!

                  Sangkan hidep leuwih paham kana eusi laporan kagiatan di luhur,
            pék jawab ieu pananya di handap!
            1.    Di mana perenahna Kampung Mahmud téh?
            2.    Saha anu mimiti ngadegkeun éta kampung?
            3.    Kumaha  riwayatna  tepi  ka  éta  kampung  dingaranan  Kampung
                  Mahmud?
            4.    Kumaha kaayaan wangunan di Kampung Mahmud?
            5.    Naon baé pantrangan nu aya di Kampung Mahmud téh?
            6.    Kumaha patalina éta pantrangan jeung kaayaan jaman Walanda?
            7.    Naon sababna ayeuna loba anu dirempak?
            8.    Naon anu karasa ku hidep sanggeus maca éta laporan kagiatan?



            B.   Niténan Laporan Kagiatan

                  Dina conto tulisan laporan kagiatan di luhur ku urang
            katingal yén basa anu digunakeunana formal, sakumaha
            anu sok kapanggih  dina tulisan karya ilmiah. Béda jeung
            basa anu digunakeun dina karangan fiksi, carpon, novel,
            jeung sajabana. Ditilik tina susunanana, laporan kagiatan
            ditulis  dumasar  kana  rarangkay  (outline)  anu  ilahar
            sok  kapanggih  dina  proposal-proposal  kagiatan.  Poko-
            poko  pasualan  ditulis  ngaruntuy  mangrupa  wincikan-
                                                                                       65
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   70   71   72   73   74   75   76   77   78   79   80