Page 76 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 76

wincikan, ti mimiti kasang tukang, tujuan, waktu jeung
                           tempat  tujuan,  pamilon,  waragad,  kagiatan,  jeung
                           panutup. Ieu susunan téh henteu baku, bisa disaluyukeun
                           jeung  kagiatan  anu  dipilampah.  Minangka  bagian  anu
                           poko  nyaéta  nuliskeun  kagiatan,  sakumaha  anu  kabaca
                           ku urang bagian nomor 5, dina conto di luhur.  Pasualan
                           anu ditulis téh minangka data-data anu kapanggih atawa
                           pangalaman anu kasorang, sabada urang miluan dina hiji
                           kagiatan.


                           C.   Nulis Laporan Kagiatan



                           Kagiatan:

                           1.    Ieu  di  handap  aya  dua  conto  tulisan  anu  masing-
                                masing nyaritakeun kagiatan nu diayakeun di sakola.
                                Pék basa sing imeut.
                           2.    Pék robah ku hidep jadi wangun laporan kagiatan,
                                sakumaha conto anu tadi di luhur!


                           Conto 1


                                          Karyawisata ka Museum


                                  Minggu  kamari  para  siswa  kelas  IX  ngayakeun
                           kagiatan karyawisata ka Museum Sri Baduga, Bandung.
                           Ieu  karyawisata  téh  dilaksanakeun  dina  poé  Senén,
                           tanggal 9 Désémber 2013, minangka agénda kagiatan mata
                           pelajaran IPS saban taun anu wajib diiluan ku sakumna
                           siswa.

                                  Para siswa anu milu téh jumlahna aya 350 urang.
                           Inditna kana beus anu diséwa ku panitia. Aya tujuh beus
                           sakabéhna. Saban beus dieusian ku 50 urang siswa jeung
                           saurang  guru  pangaping.  Siswa  anu  milu  karyawisata
                           téh  saméméhna  dibéré  pancén  ku  guru  IPS,  sangkan

            66                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       67

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   71   72   73   74   75   76   77   78   79   80   81