Page 78 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 78

geus 10.000 taun. Éta papanggihan téh cenah nguatkeun
                           anggapan,  yén  di  Guha  Pawon  kungsi  hirup  manusa
                           jeung  kabudayaanana  dina  jaman  purba.  Aya  nu  boga
                           pamanggih  yén  éta  manusa  purba  téh  cenah  minangka
                           kuruhun  urang  Sunda.  Maranéhna  geus  ngagunakeun
                           pakakas  tina  batu  jeung  taneuh  pikeun  nyumponan
                           kabutuh hirupna sapopoé.
                                  Sanggeus  meunang  katerangan  ti  patugas  jeung
                           maca  kateranganana,  kuring  jeung  batur  sakelompok
                           tuluy ngaharuleng, bari malencrong dua wujud manusa
                           purba  nu  aya  di  éta  guha  jijieunan.  Kiwari  sanggeus
                           pukuhan rébu taun ti alam harita, manusa Sunda kaasup
                           kuring sabatur-batur geus pohara majuna. henteu maké
                           deui  pakaks  tina  batu  atawa  taneuh.  Tapi  malah  geus
                           bisa ngagunakeun alat-alat hasil téknologi, kawas hapé,
                           komputer,  atawa  internét.  Ku  niténan  sajarah  manusa
                           purba, karasa ku kuring saparakanca, kahirupan mnausa
                           téh horéng terus maju ti jaman ka jaman.

                           Conto 2

                                              Pinton Seni Kréasi


                                Pikeun  némbongkeun  karancagéan  para  siswa
                           dina  widang  kasenian,  dina  poé  Saptu  kamari  tanggal
                           6  Oktober  2013,  OSIS  ngayakeun  “Pinton  Seni  Kréasi”
                           di sakola. Ieu kagiatan anu lumangsung sapoé jeput téh
                           dirojong ku guru-guru jeung sakumna siswa. Saban kelas
                           mintonkeun  kasenian  anu  béda-béda  tur  matak  resep
                           ngalalajoanana. Panitia meredih ka saban kelas, kasenian
                           anu  dipagelarkeun  téh  kudu  mangrupa  seni  kréasi.
                           Maksudna  sangkan  para  siswa  rancagé  atawa  kréatif,
                           sarta henteu matak bosen anu ngalalajoanana.

                                Atuh dina derna acara, katénjo rupa-rupa pintonan
                           kasenian anu anéh sarta matak resep. Aya anu magelarkeun
                           kasenian karinding dipirig ku gitar elektrik jeung drum.
            68                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       69

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   73   74   75   76   77   78   79   80   81   82   83