Page 73 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 73

2.    Tujuan
                  Ieu wisata budaya diayakeun kalawan tujuan: 1) sangkan para siswa
            wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Mamud, 2) sangkan para siswa
            bisa ngajénan kana budaya nu hirup di éta wewengkon, 3) sangkan para
            siswa boga tekad jeung sumanget pikeun miara banda budaya titinggal
            karuhun.

            3.    Waktu jeung Tempat Tujuan

                  Wisata budaya lumangsung dina tanggal 15 Novémber 2013, kalawan
            tujuan  Kampung Mahmud  di Désa Mekarrahayu, Kacamatan Margaasih,
            Kabupatén Bandung.

            4.    Pamilon
                    Jumlah  pamilon  255  urang  (250  urang  siswa  jeung  5  urang  guru
            pangaping).

            5.    Waragad

                  Waragad  ieu  kagiatan  téh  tina  iuran  para  siswa  anu  gedéna  Rp
            50.000/urang jeung dana batuan ti sakola. Éta waragad téh digunakeun
            pikeun transportasi (ongkos beus), mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi
            di perjalanan.
            5.    Kagiatan

                  Di Kampung Mahmud para siswa ningalian kaayaan lembur, niténan
            wangunan imah panggung sarta nanyakeun adat kabiasaan urang dinya
            ku  cara  ngawawancara  sababaraha  tokoh  masarakat.  Para  siswa  ogé
            jarah ka makam Eyang Abdul Manaf, anu mimiti ngadegkeun Kampung
            Mahmud.

                  Hasil tina niténan kaayaan di Kampung Mahmud, bisa dicindekkeun
            sawatara perkara ieu di handap:
            a.    Kampung Mahmud téh perenahna di Désa Mekar rahayu, Kacamatan
                  Margaasih,  Kabupatén  Bandung.  Kaasup  kampung  anu  masih
                  kénéh tukuh nyekel adat-istiadat titinggal karuhun. Dina kahirupan
                  sapopoé aya pantrangan anu teu meunang dirempak ku masarakat
                  di éta wewengkon.




                                                                                       63
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   68   69   70   71   72   73   74   75   76   77   78