Page 72 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 72

abada  ngayakeun  hiji  kagiatan,  urang  kudu  bisa
                                 nuliskeun  laporan  tina  éta  kagiatan.  Wanda
                           Stulisanana  ngaharib-harib  karya  ilmiah,  resmi,
                           henteu  kawas  nulis  karangan  fiksi.  Naon-naon  anu
                           kasaksén  dina  hiji  kagiatan  kudu  dituliskeun  kalawan
                           jéntré. Ari  maksudna,  ngarah  hiji  kagiatan  téh  bisa  jadi
                           catetan atawa dokuméntasi sarta bisa kabaca ku nu lian.
                           Ku sabab kitu merenah pisan upama dina pangajaran basa
                           Sunda, urang diajar nulis laporan tina hiji kagiatan.

          A.   Maca Laporan Kagiatan

          Baca ieu conto laporan kagiatan di handap!

          Laporan Kagiatan


                         Wisata Budaya ka Kampung Mahmud
























          1.    Kasang Tukang                                       Sumber: dokumen pribadi

               Ku pangaruh modérenisasi jeung kamajuan jaman, kiwari beuki loba
          budaya urang anu kalindih ku budaya deungeun. Para rumaja loba anu
          henteu apal kana adat kabiasaan urang Sunda anu ngandung ajén-ajén
          atikan nu luhung. Éta sababna kudu aya kagiatan anu bisa ngawanohkeun
          para rumaja atawa para siswa di sakola kana budaya Sunda nu aya di tatar
          Sunda. Dumasar kana kasang tukang pamikiran éta, SMP Sunda Mekar
          ngayakeun kagiatan Wisata Budaya ka Kampung Mahmud.

            62                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       63

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   67   68   69   70   71   72   73   74   75   76   77