Page 79 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 79

Aya nu jaipongan tapi gerakna dicampuran ku tari ballet.
            Aya  nu  mintonkeun  kaulinan  barudak,  tapi  pakéanana
            sawaréh  marake  baju  robot.  Aya  ogé  anu  mintonkeun
            band  genjring,  réog  galon  anu  dogdogna  ngagunakeun
            galon aqua, jeung musik botol-kaléng.
                  Bapa  Kapala  Sakola  dina  biantarana  nyaurkeun
            yén  acara  “Pinton  Seni  Kréasi”  téh  pikeun  ngahudang
            karancagéan para siswa dina widang seni. Pagelaran anu
            kréatif,  anu  némbongkeun  pangaruh  anyar  tapi  tetep
            henteu  leupas  tina  seni  tradisi.  Kitu  saur  bapa  Kapala
            Sakola.

                  Henteu  sakabéh  kelas  anu  minton  téh,  sabab  ceuk
            panitia bisi henteu nyukupan waktuna. Lamun sakabéh
            kelas  kudu  minton,  hartina  bakal  aya  30  pagelaran,  da
            jumlah kelas téh kabéhna aya 30, masing-masing 10 kelas
            ti kelas VII tepi ka kelas IX. Ku sabab kitu, kaseian anu
            dipagelarkeun minangka wawakil kelas anu pangalusna.
            Masing-masing 5 pintonan ti saban tingkatan kelas.

                  Para  siswa  pohara  resepeunana  jeung  sarumanget
            pisan  lalajo  ieu  acara  téh.  Atuda  ukur  sataun  sakali
            diayakeunana  ogé.  Saban  pintonan  teu  weléh  meunang
            panggbaéa,  sarurak  mani  ngaguruh.  Komo  basa  aya
            pintonan  Réog  Galon  ti  kelas  VIII  mah,  nu  lalajo  mani
            ager-ageran. Eukeur mah waditrana pikaseurieun, dogdog
            tina galon, katambah ku barudakna barisa ngabojeg. ORG
            cenah disebutna ku maranéhna mah, Opera Réog Galon.
            Kitu deui basa ti kelas IX aya nu mintonkeun Musik Botol
            Kaléng, nu lalajo mani surak awahing ku kayungyun ku
            barudak anu motékar. Botol téh dijajarkeun dina méja di
            panggung. Aya dua jajar. Saban jajar diwangun ku 8 botol
            anu dieusi ku cai, nu béda-béda ukuranana. Basa ditakol,
            éta botol téh bisa nimbulkeun sora solmisasi dua oktav.
            Tina  éta  botol  anu  ditakolan  nada-nada  téh  kadéngéna.
            Ari  minangka  alat  perkusina  nyaéta  kaléng.  Rupa-rupa
            kaléng urut. Basa breng ditabeuh, nada tina botol jeung

                                                                                       69
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   74   75   76   77   78   79   80   81   82   83   84