Page 74 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 74

b.    Nurutkeun sajarahna, Kampung Mahmud téh diadegkeun ku Éyang
               Abdul Manaf. Dina jaman Walanda anjeunna ngamukim di Mekah.
               Saméméh  mulang  ka  lemahcai,  kungsi  ngadu’a  sarta  munajat  ka
               Alloh  di  kubah  Mahmud  nu  aya  di  wewengkon  Masjidil  Harom.
               Anjeunna  ménta  pituduh  di  mana  tempat  pamulangan  anu  bakal
               moal  katincak  ku  Walanda.  Nya  meunang  ilapat,  yén  tempat  anu
               kudu  dijugjug  téh  nyaéta  wewengkon  ranca.  Éta  sababna  Éyang
               Abdul  Manaf  tuluy  ngajugjug  ka  tanah  ranca  nu  aya  di  deukeut
               walungan  Citarum,  di  pasisian  Bandung.  Kitu  sasakalana  naon
               sababna ieu lembur dingaranan Kampung Mahmud.
          c.    Di  Kampung  Mahmud  loba  kénéh  wangunan  imah  panggung.
               Sawaréhna  deui  imah  gedong.  Baheula  mah  imah  téh  kabéh  ogé
               panggung  cenah,  sabab  kitu  wasiat  ti  Éyang  Abdul  Manaf,  teu
               meunang  nyieun  imah  permanén  ku  témbok.  Di  hiji  tempat  aya
               makam  tempat  pangjarahan.  Dina  gapurana  aya  tulisan  “Makom
               Mahmud”. Anu dikuburkeun di dinya téh Éyang Abdul Manaf jeung
               karuhun Kampung Mahmud séjénna. Ieu makam sok haneuteun baé
               ku anu ngadon jarah ti mana-mana, boh ti Bandung boh ti daérah
               séjén.
          d.   Aya sababaraha pantrangan di Kampung Mahmud téh, nyaéta:
               1)   Teu meunang nyieun imah tina bahan témbok (permanén).
               2)   Teu meunang nyieun imah ngagunakeun kaca.
               3)   Teu meunang nabeuh goong.
               4)    Teu meunang nyieun sumur.
               5)    Teu meunang ngingu soang.


               Éta  pantrangan-pantrangan  téh  aya  pakaitna  jeung  gentingna
               kaayaan dina jaman Walanda harita. Ku sabab Éyang Abdul Manaf
               hayang  ulah  kanyahoan  ku  penjajah,  nya  lingkungan  lembur  ogé
               kudu simpé. Ulah aya sora goong atawa soang, sabab bakal babari
               kapanggihna ku Walanda. Kitu deui imah ogé ulah maké kaca ngarah
               nu ngeusina teu katénjo saha-sahana. Ayeuna mah éta pantrangan
               téh geus loba anu dirempak. Ari sababna éta pantrangan téh geus
               teu saluyu jeung kaayaan jaman.





            64                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       65

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   69   70   71   72   73   74   75   76   77   78   79