Page 77 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 77

nulis  laporan,  nyaritakeun  naon  baé  anu  katénjo  atawa
            kabaca,  sarta  aya  patalina  jeung  mata  pelajaran  IPS.
            Para  siswa  kudu  migawé  éta  pancén  babarengan  jeung
            batur sakelompokna, sarta dibéré kalonggaran bisa milih
            naon  baé  anu  rék  dijieun  laporan. Aya  anu  rék  niténan
            pakarang titinggal sajarah, pakakas dina tatanén, pakéan
            adat,  tokoh-tokoh  perjoangan. Aya  ogé  anu  rék  niténan
            manusa purba jeung wilayah-wilayah géografi.
                    Jam  tujuh  isuk-isuk  rombongan  para  siswa  geus
            miang  ti  buruan  sakola.  Untung  di  jalan  henteu  macét.
            Kira-kira  dua  jam,  geus  nepi  ka  tempat  anu  dijugjug,
            nyaéta Museum Sri Baduga, nu perenahna di Tegallega.
            Para  siswa  tuluy  tarurun  tina  beus  séwang-séwangan.
            Kumpul  heula  pikeun  narima  pangarahan  ti  Bapa/Ibu
            Guru pangaping. Geus kitu tuluy marisah, masing-masing
            kelompok,  sarta  arasup  ka  gedong  museum  kalawan
            tartib.

                    Kuring  jeung  babaturan  sakelompok  kabagéan
            pancén kudu niténan manusa purba nu kungsi matuh di
            Guha Pawon. Di Museum Sribaduga, ayana di rohangan
            bagian  jero  ieu  manusa  purba  téh.  Aya  conto  guhana,
            ngagorowong. Cenah ditiron tina Guha Pawon nu aslina,
            nu  aya  di  wewengkon  Cipatat,  Padalarang.  Aya  deuih
            wujud  manusa  purbana,  dijieun  tina  batu.  Keur  dariuk
            duaan. Mani siga katénjona, siga manusa purba enyaan.
            Aya deui pakakas tina batu, nu kawasna sok digunakeun
            ku maranéhna di jaman purba.

                    Ceuk katerangan ti patugas museum jeung catetan
            sajarah  singget  nu  aya  dina  katalog,  dina  taun  2003  di
            Guha  Pawon  kapanggih  rébuan  tulang-taléng  manusa
            purba jeung sesemplékan batu urut pakakas. Éta tulang-
            taléng téh kapanggih sanggeus Tim Arkéologi Bandung
            ngayakeun  panalungtikan  sarta  ngali  taneuh  di  Guha
            Pawon. Éta tulang-taléng téh jumlahna aya 20.250 jeung
            sesemplékan batu aya 4.050 siki, anu umurna dikira-kira

                                                                                       67
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   72   73   74   75   76   77   78   79   80   81   82