Page 94 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 94

“Tos bala, nya Néng?” cenah bari nyampeurkeun.
                                “Keun engké ku Mamang urang beresihan!”
                                Urang unggeuk bari nganuhunkeun. Gura-giru balik,
                           éra, bisi aya nu nganyahoankeun deui, mamawa orok ka
                           kuburan.

                                                           ****




                                Aya nu anéh di si Aa téh, Li! Kakara eungeuh ayeuna,
                           urang ogé.
                                Poé ieu urang merego si Aa, keur anteng di kamar
                           urut  Mamah.  Urang  ngajenghok,  bari  rada  ngelokkeun
                           awak tukangeun témbokan. Leungeun nyekelan hordéng
                           kamar. Dipéléngékeun saeutik. Panon mencrong ka si Aa
                           nu keur ngajaran erok si Mamah. Gulak-gilek, dangdak-
                           déngdék  hareupeun  eunteung.  Horéng  aya  kénéh  baju
                           anu  teu kabagikeun téh, da disumputkeun ku si Aa.

                                Bakat  ku  reuwas,  tuur  ngadadak  nyorodcod.  Brek
                           wé diuk dina téhel. Tapi panon mah tetep mencrong ka
                           jero kamar. Kasono jeung kareuwas pagalo jeroeun dada.
                           Naha si Aa bet ngajaran baju Mamah?

                                Nempo  baju  éta  téh,  bet  asa  bréh-bréhan  deui
                           Mamah  ngajanteng  hareupeun.  Matak  deungdeuleueun
                           puguh, diacuk éta téh raray Mamah beuki cahayaan. Erok
                           buludru  hideung.  Dadana  rada  ngaliglag,  panjangna
                           satuur.  Ngepas  pisan  di  Mamah  mah,  bubuhan  dada
                           jeung  imbitna  ngareusi.  Ari  di  si  Aa.  Ih,  ngéwa  pisan!
                           Lebah dada jeung bujurna teu kaeusian, da puguh lalaki
                           si Aa mah.
                                Urang istigpar bari ngusap beungeut sababaraha kali.
                           Raray Mamah kokolébatan. Urang ngedeprek, nukangan
                           kamar si Aa. Késang renung dina tarang. Awak ngadadak
                           ramohpoy.  Hayang  jejeritan  satakerna,  tapi  buru-buru
                           ditungkup ku leungeun duanana. Cipanon murubut teu


            84                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       85

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   89   90   91   92   93   94   95   96   97   98   99