Page 90 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 90

Upama  dititénan  caritana,  novel  téh  ngabogaan
                           unsur-unsur carita:
                           1.    Palaku,  nyaéta  jalma-jalma  anu  ngalalakon.  Aya
                                palaku  utama,  nyaéta  anu  loba  dicaritakeun  ku
                                pangarang  sarta  loba  nyorang  kajadian.  Aya  ogé
                                palaku panambah, nyaéta anu kalungguhanana ukur
                                marengan  palaku  utama.  Dina  sempalan  anu  tadi,
                                palaku  anu  dicaritakeun  téh  nyaéta  Diran,  Emod,
                                Rina  jeung  Anis.  Ku  sabab  ukur  sempalan  urang
                                can bisa nangtukeun saha saenyana anu jadi palaku
                                utamana dina éta novel téh.

                           2.    Latar, nyaéta patempatan jeung waktu anu kasabit-
                                sabit  dina  carita.  Urang  bisa  nyebutkeun  yén  latar
                                dina sempalan anu tadi nyaéta; imah Rina, tempat
                                parkir, jeung warnét. Ari waktuna nyaéta isuk-isuk,
                                beurang wanci sakola, jeung peuting.

                           3.    Galur  atawa  plot,  nyaéta  bagerakna  carita  tina
                                hiji  kajadian  kana  kajadian  séjénna.  Galurna  anu
                                katururkeun ku urang dina sempalan anu tadi nyaéta;
                                isuk-isuk  Diran  jeung  Emod  datang  ka  imah  Rina;
                                Emod ngadongéngkeun kajadian anu kasorang basa
                                aya nu mawa kabur (Emod dibawa kabur ti tempat
                                parkir; Emod ngetik angka di warnét; ditinggalkeun
                                di sisi jalan; Emod leumpang ngaprak balik ka imah
                                Diran).
                           4.    Téma,  nyaéta  poko  pasualan  carita  anu  hayang
                                ditepikeun ku pangarang ka nu maca, upamana baé;
                                kanyaah indung, buméla ka lemahcai, ganjaran ka nu
                                sabar, wawales ka nu sarakah, jeung sajabana. Urang
                                can bisa nyindekkeun naon téma tina novel Rasiah
                                Kodeu  Binér  téh  sabab  kakara  maca  sempalanana.
                                Tapi sanajan kitu, urang bisa nyebutkeun téma anu
                                kapanggih atawa karasa sabada maca éta sempalan,
                                nyaéta luhungna ajén sosobatan.



            80                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       81

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   85   86   87   88   89   90   91   92   93   94   95