Page 93 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 93

kapaéhan  ogé!  Teu  karasa  urang  nyéréngéh  sorangan.
            Anéh,  ari  manéh,  jadi  lalaki  téh  bet  borangan.  Teu  bisa
            naék-naék acan.
                  Inget  teu,  Li?  Urang  jeung  manéh  sok  bebekelan
            di  dinya  dina  téras? Angger  wé  manéh  mah,  deungeun
            sangu téh sok goréng endog waé. Mamahna teu masak,
            ceuk manéh bari bebelewekan. Paribasa!

                  Basa  anyaran  Mamah  manéh  maot,  sok  sapopoé
            urang maturan manéh di dieu. Nu tadina nguluwut téh,
            ari datang urang mah sok ngadak-ngadak jigrah. Urang
            bungah  pisan  nempo  manéh  kitu  téh.  Tapi  ari  ayeuna,
            waktu urang ditinggalkeun maot ku Mamah, manéh teu
            aya di dieu, Li!

                  Teu  karasa  cipanon  ngembeng.  Urang  sono  ka
            manéh, Li!
                  Teu jauh leumpang ti imah manéh téh, urang geus
            datang ka kuburan. Gog, urang cingogo deukeut tetengger
            Mamah. Ila ngulisik, teu genaheun meureun diajak nagog
            kieu mah. Urang ngendoran samping aisan dina taktak.

                  Kakara  dua  bulan,  kuburan  téh  geus  barala  deui.
            Urang nyabutan jukut nu dareu-keut. Pok gegerendengan
            sorangan.
                  “Mah,  Réré  gaduh  orok  gegentos  si Adé!  Réré  teu
            terang, ieu téh putra saha? Tapi duka ku naon, tibarang
            Réré ningal orok ieu, haté Réré ujug-ujug nyaah, asa ka si
            Adé wé, Mah! Namina Ila Aina Nur Inten. Saé, nya, Mah!
            Kénging nganamian Abu!”

                  Urang  neuteup  Ila  nu  ngabelengéh,  keur  ngimpi
            sigana mah.

                  Keur  kitu  aya  sora  nu  babatukan  di  tukangeun.
            Gebeg! Ila gé tepi ka ngarénjag dina aisan. Kaoyagkeun
            ku awak urang. Dilieuk téh Mang Mimid, tatangga, keur
            anteng  ngaritan  jukut  nu  ngabadeg  sisi-sisi  kuburan
            batur.
                                                                                       83
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   88   89   90   91   92   93   94   95   96   97   98