Page 89 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 89

1.    Saha baé palaku anu dicaritakeun dina éta sempalan
                  novel téh?
            2.    Kira-kira saha anu jadi palaku utamana?
            3.    Tétélakeun kumaha pasipatan éta palaku anu opatan
                  téh?
            4.    Di mana baé latar patempatan anu dicaritakeun sarta
                  iraha waktuna?
            5.    Naon sababna Emod bet aya nu mawa kabur?
            6.    Naon saenyana eusi éta surat téh?
            7.    Kumaha siasat Emod sangkan bisa leupas ti éta jalma
                  anu mawa kabur?
            8.    Naon  anu  kasorang  ku  Emod  sanggeus  manéhna
                  ditinggalkeun di sisi jalan?
            9.    Naon  sababna  Emod  bet  henteu  ménta  tulung  ka
                  babaturanana?
            10.    Kumaha  anu  karasa  ku  hidep  sanggeus  maca  éta
                  sempalan novel?



            C.   Niténan Unsur Novel

                  Sakumaha anu tadi geus ditétélakeun, wacana anu
            tadi dibaca ku hidep téh sempalan novel, meunang nyutat
            tina novel Rasiah Kodeu Binér karangan Dadan Sutisna,
            anu kungsi dilélér panghargaan Hadiah Sastra Samsudi.
            Ku  sabab  ngaranna  ogé  sempalan  (bagian),  tangtu  waé
            éta carita téh teu acan tamat. Lalakonna panjang kénéh,
            diwangun ku sababaraha bagian atawa bab.

                  Naon ari nu disebut novel? Novel téh carita rékaan
            anu  panjang  dina  wangun  basa  lancaran  (prosa).  Béda
            carpon anu sing sarwa singset, novel mah jalan caritana
            loba  bagian-bagianana.  Kitu  deui  palakuna  ogé  loba
            sarta mangsa anu kacaturna lila. Novel umumna diréka
            tina pangalaman atawa kahirupan manusa anu réalistis,
            kaharti ku akal. Palaku, jalan carita, tempat jeung waktu
            lumasungna carita dina novel napak dina kanyataan.


                                                                                       79
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   84   85   86   87   88   89   90   91   92   93   94