Page 91 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 91

Dina  sastra  Sunda  réa  novel  anu  geus  ditarulis  ku
            para  pangarang.  Novel  Sunda  anu  munggaran  medal
            nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata,
            anu  medal  dina  taun  1914.  Salian  ti  éta  aya  deui  novel
            nu séjénna, upamana baé Agan Permas (1926) karangan
            Yuhana, Rusiah nu Goréng Patut (1928) karangan Sukria
            jeung  Yuhana,  Mantri  Jero  (1928)  karangan  R.  Méméd
            Sastrahadiprawira, Laleur Bodas (1940) karangan Samsu,
            Pahlawan-Pahlawan  ti  Pasantrén  (1966)  karangan  Ki
            Ummat, Pipisahan (1977) karangan R.A.F. (Rahmatullah
            Ading Affandie), Béntang Pasantrén (1978) karangan Usép
            Romli HM., Potrét (1986) karangan Ahmad Bakri, jsb.
                  Novel  Rasiah  Kodeu  Binér  anu  sempalanana  tadi
            dibaca ku hidep kaasup novel anu dihususkeun pikeun
            bacaeun barudak. Salian ti éta novel barudak téh loba kénéh,
            upamana baé Carita Si Dirun karangan Samsudi, Miang
            jeung Kaludeung, Si Paser, karangan Tatang Sumarsono,
            Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman, Bima
            Rengkung  karangan  Hidayat  Soesanto,  Kabandang  ku
            Kuda Lumping karangan Ahmad Bakri, jsb.




                             Latihan (Aprésiasi Novel)


            1.    Baca  babarengan  jeung  batur  sakelompok  ieu
                  sempalan novel di handap!
            2.    Caritakeun  masing-masing  kalawan  ringkes  naon
                  eusina dua sempalan novel nu dibaca ku hidep!

            3.    Titénan sarta analisis unsur-unsur caritana sakumaha
                  dina conto pedaran anu tadi.

            4.    Tulis  éta  hasil  analisis  téh  minangka  laporan
                  kelompok!







                                                                                       81
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   86   87   88   89   90   91   92   93   94   95   96