Page 92 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 92

Sempalan Novel 2



               ………
               Misteri  keur  urang  mah,
          Li,  nimu  orok  téh!  Kawas  nu
          ngahaja  ngagantian  nu  geus
          leungit,  Li!    Enya,  orok  téh
          rejeki!

               Tapi, Li! Aya kapeurih séjén
          na haté urang ayeuna. Kalakuan
          Si Aa bet  kawas awéwé! Ayeuna
          si Aa geus embung sakola deui.
          Padahal ukur sababaraha bulan
          deui ka ujian. Tungtungna mah
          si Aa kaluar ti sakolana, bari teu
          boga ijazah SMA!
               Kasedih  teu  aya  Mamah,                            Sumber: dokumen pribadi
          tepi ka poé ieu, can lipur kénéh.
          Salilana, urang ngarasa lalewang jeung karareueung. Keur aya Mamah
          mah,  ari  poé  Minggu  kieu  téh  sok  barungah,  ngariung  sakulawarga.
          Rapékan Mamah mah. Aya naon waé sok diolah, diasakan. Sampeu jadi
          combro. Hui jadi gegetuk. Tarigu jadi bala-bala. Naon waé, ku Mamah
          mah pasti jadi kadaharan anu ngeunah.

               Kawas poé ayeuna, Li! Urang ngalangeu di buruan, bari ngangais
          Ila. Panonpoé keur meujeuhna haneut moyan. Ila ngageubra dina aisan,
          bangun ni’mat naker. Urang hulang-huleng teu puguh.

               Teuing naon nu memetot rarasaan téh. Ujug-ujug jorojoy, asa hayang
          ka kuburan Mamah bari mawa Ila. Hayang nembongkeun Ila ka Mamah.
          Léos, ninggalkeun buruan.
               “Badé dicandak ka mana, Néng?” Teu didéngé Ceu Amah gegeroan
          ogé. Urang noyod ka tonggohkeun, rék ka kuburan Mamah.

               Hareupeun imah manéh, Li, urang ngajanteng heula. Cakueum imah
          téh  ari  teu  dieusian  mah.  Baheula  mah,  imah  téh  hégar  pikabetaheun.
          Tah,  dina  tangkal  jambu  nu  éta  manéh  labuh  téh,  nya,  Li!  Untung  teu

            82                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       83

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   87   88   89   90   91   92   93   94   95   96   97