Page 111 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 111

8.    Sebutkeun upacara-upacara anu biasa diayakeun anu aya patalina
               jeung kahirupan hiji jalma!
          9.    Sebutkeun upacara-upacara anu aya patalina  tatanén!
          10.   Upacara  naon  anu  sohor  nepi  ka  sok  dilalajoan  ku  turis
               mancanagara?
          11.  Caritakeun  prak-prakkan  upacara  dina  saméméh  ngaseuk  (melak
               binih)!
          12.   Kasenian  naon  waé  anu  biasa  dipintonkeun  dina  upacara  sérén
               taun?



          3.   Ngalarapkeun Kecap kana Kalimah

               Dina bacaan di luhur aya sababaraha kecap anu carang dipaké dina
          obrolan sapopoé. Geura urang cutat deui kalimahna:

          a.   Perenahna di Kabupatén Sukabumi.
               Kecap perenahna ngabogaan harti lebah-lebahna.
               Larapna dina kalimah:
               1)   Kacamatan Cidaun téh perenahna di pakidulan Cianjur.
               2)    Kantor  Bupati  Kabupatén  Sukabumi  perenahna  sisi  basisir
                     Palabuan Ratu.
          b.   Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon
               ulin.
               Kecap  kagiridig  ngabogaan  harti  mindeng  kadatangan  atawa
               kaliwatan.
               Larapna dina kalimah:
               1)    Imahna sisi jalan pisan, matak kagiridig ku batur.
               2)    Lembang  téh  ayeuna  mah  geus  teu  tingtrim  deui,  geus  loba
                     kagiridig ku jalma réa.
          c.   Masarakat  Kampung  Gedé  Kasepuhan  Ciptagelar  mah,  pageuh
               kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun.
               Kecap tali paranti ngabogaan harti kabiasaan atawa adat.
               Larapna dina kalimah:
               1)   Najan  geus  modéren,  kadé  ulah  poho  kana  tali  paranti  anu
                     geus turun-tumurun dilaksanakeun ku kolot urang.
               2)    Unggal  sélér  bangsa  ngabogaan  tali  paranti  séwang-
                     séwangan.

            100                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   106   107   108   109   110   111   112   113   114   115   116